Sisindiran bahasa sunda nyaeta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun, atawa henteu togmol. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran teh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran teh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaeta: rarakitan;,paparikan, jeung wawangsalan.
Dihandap conto sisindiran bahasa sunda
Kayu bala kembang kerisan
Ayana di pangikiran
Dari pada baraya katirisan
Mending urang sisindiran
Mobil butut endut endutan
Jalan na kapasisiran….
Daripada baraya nundutan
Mending urang sisindiran
Kayu bala aya bangbung
Disapu keun ka na panto
Hayu baraya ngiring gabung
Didieu di pasundan radio
Kamana ngaitkeun kincir
Sakieu panas poena
Lamun baraya sing purintil
Diantos rumojongna…..
Kayu bala di pasisiran
Dipasisiran di cicendo
Hayu baraya urang sisindiran
Didieu di pasundan radio
Mobil bemo endut endutan
Jalanna ka pasisiran
Daripada baraya nundutan
Mending hayu urang sisindiran
Dimana aya halimun
Ayana di pasisiran
Daripada ngalamun
Mending urang sisindiranmun sakitu anu tiasa kapihatur ku sim kuring, mugia postingan ieu aya manfaatna kanggo balarea
Advertisement