Ragam Kecap Basa Sunda - Dina postingan tiperngker simkuring parantos medar tatakrama basa sunda atanapi undak usuk basa.dimana tujuana tatakrama basa teh kanggo silih ajenan jeung silih hormat papada jalma
Dihandap ieu aya daptar Ragam kecap basa sunda diantarana nyaeta kecap ragam loma, Ragam kecap keur kasorangan jeung ragam hormat ka batur
Dihandap ieu aya daptar Ragam kecap basa sunda diantarana nyaeta kecap ragam loma, Ragam kecap keur kasorangan jeung ragam hormat ka batur
Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda
No
|
Kecap Ragam Loma
|
Kecap Ragam Hormat Keur ka Sorangan
|
Kecap Ragam Hormat Keur ka batur
|
1
|
daék
|
daék, purun
|
kersa
|
2
|
dagang
|
dagang
|
icalan
|
3
|
dahar
|
neda
|
tuang
|
4
|
dangdan
|
dangdan
|
dangdos
|
5
|
dapur
|
dapur
|
pawon
|
6
|
kélék, ngélék
|
ngélék
|
ngadéhé
|
7
|
déngé, ngadéngé
|
nguping, mireng
|
ngadangu
|
8
|
deukeut
|
caket
|
caket
|
9
|
deungeun-deungeun
|
nu sanés, sanés wargi
|
nu sanés, sanés wargi
|
10
|
didik, ngadidik
|
ngatik
|
miwuruk,mitutur, miwejang
|
11
|
diri
|
diri
|
salira
|
12
|
diuk
|
diuk
|
calik, linggih
|
13
|
dubur
|
dubur
|
palawangan
|
14
|
duga, kaduga
|
kaduga
|
kiat
|
15
|
duit
|
artos
|
artos
|
16
|
duméh, lantaran
|
jalaran
|
kumargi
|
17
|
éléh
|
éléh
|
kawon
|
18
|
éling, inget
|
émut
|
émut
|
19
|
émboh, tambah
|
tambih
|
tambih
|
20
|
éstu, ngéstukeun, nurut
|
ngéstokeun
|
ngéstokeun
|
21
|
éndong, ngéndong
|
ngéndong
|
ngawengi
|
22
|
éra
|
isin
|
lingsem
|
23
|
embung
|
alim, narah (awéwé)
|
teu kersa
|
24
|
emét, saemét
|
saeutik
|
saeutik
|
25
|
endeng, saendeng-endeng
|
salamina
|
sapapaosna
|
26
|
enggon
|
pamondokan
|
pangkuleman
|
27
|
eukeur, keur
|
nuju
|
nuju
|
28
|
eusi, ngeusian
|
ngalebetan
|
ngalebetan
|
29
|
euweuh
|
teu aya
|
teu aya
|
30
|
gancang
|
énggal
|
énggal
|
31
|
gandék
|
réncang
|
réncang
|
32
|
gandéng
|
gandéng
|
baribin
|
33
|
ganti
|
ganti
|
gentos
|
34
|
gardéng, rérégan
|
gardéng
|
lalangsé
|
35
|
gawé
|
gawé
|
damel
|
36
|
gégél
|
gégél
|
landep
|
37
|
gedé
|
gedé
|
ageung
|
38
|
gelung
|
gelung
|
sanggul
|
39
|
genah, ngeunah
|
raos
|
raos
|
40
|
gering
|
udur
|
teu damang
|
41
|
getol
|
getol
|
kersaan
|
42
|
geuing, ngageuing
|
ngageuing
|
ngémutan
|
43
|
geulang
|
geulang
|
pinggel
|
44
|
geura, pék, hég
|
geura, mangga
|
mangga
|
45
|
geuwat
|
énggal
|
énggal
|
46
|
gigir,gigireun
|
gigireun
|
gédéngeun
|
47
|
gilir, bagilir
|
bagilir
|
bagentos
|
48
|
gimir
|
gimir
|
rentag manah
|
49
|
goda, gogoda, cocoba
|
cocoba
|
cocobi
|
50
|
goréng, joré
|
goréng
|
awon
|
51
|
gugu, ngagugu
|
nurut
|
tumut
|
52
|
guguling
|
guguling
|
pepedek
|
53
|
gura-giru
|
gura-giru
|
énggal-énggalan
|
54
|
gusar, digusar
|
digusar
|
dipeper
|
Advertisement