Rupa-rupa Kecap Rajekan Basa Sunda - Salah sahiji Tata wangunan Kecap basa sunda nyaeta Kecap Rajekan, Beda jeung kecap Rundayan atawa kecap asal, Kecap Rajekan nyaeta kecap anu di ucapkeun dua kali atawa lewih, sabagean atawa sagemblengna, robah sorana atawa heunteu.
Kecap Rajekan dina bahasa sunda aya sababaraha rupa, nyaeta
Kecap Rajekan dina bahasa sunda aya sababaraha rupa, nyaeta
- Kecap Dwipurwa
Kecap Rajekan Dwipurwa asal kecap tina Dwi = Dua; Purwa =mimiti, hartina enggang nu mimiti diucapkeun dua kali. Conto:
Cabok => Ca-cabok
Tajong => Ta-tajong
Sungkruk => Su-sungkruk - Kecap Dwilingga
Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta kecap nu di rajek sagemblengna kecap, aya nu robah aya oge nu teu robah sorana, anu teu robah sorana disebut Dwimurni sedengkeun anu robah sorana disebut Dwireka
1) Dwimurni Contona :
a). Nuduhkeun Loba : bangku-bangku; jalma-jalma;jrd
b). Rupa-Rupa, Sarua Sifatna : amis-amis;pait-pait,jrd
c). Lila Milampahna: Nimbang-nimbang; mikir-mikir;jrd
d). Nuduhkeun Siga : siku-siku; kuda-kuda, jrd
e). Nuduhkeun hanjakal : Geulis-geulis, Kasep-kasep , jrd
2). Dwireka Contona :
a). Nuduhkeun rupa-rupa : unak-anik, tulang-taleng, jrd
b). leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk,tumpa-tempo,tual-toel, jrd
c). Nuduhkeun Leuwih ti hiji : jul-jol,lup-lep,cur-cor, jrd
3). Dwisasana contona :
Kecap Rajekan Dwisasana nyaeta kecap anu dirajek engang panungtungna contona : pudigdig, cakakak,cikikik, jrd - Trilingga
Kecap Rajekan Trilingga matak disebut Trilingga sabab disebutna tilukali tur robah sorana
Contona :
Dag-dig-dug, Hak-hek-hok, Hah-heh-hoh, Bra-bri-bru, Brat-bret-brot, Jrd
Kecap Rajekan sok kadang disebut kecap ulang dina bahasa indonesia mah, mugia ieu postingan aya manfaatna kanggo balarea
Advertisement