Kecap Kantetan Basa Sunda - Wilujeng Tapang deui baraya, Dina waktos kapengeker simkuring tos ngabahas Kecap Rundayan, Kecap Rajekan,. tah dina waktos ayeuna urang bahas Tata Wangun Kecap nyaeta Kecap Kantetan.
Dina Basa Sunda, Kecap Kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur pangwanguna.
Dina Basa Sunda, Kecap Kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur pangwanguna.
Kecap Kantetan Basa Sunda
Kecap kantetan dibedakeun jadi 2 rupa nyaeta :- Kecap Kantetan Rakitan Dalit (kompositium)
- Kecap Kantetan Rakitan Anggang ( Aneksi)
Kecap Kantetan Rakitan Dalit
Ciri- Cirina nyaeta :
- Unsur-usurna can awor pisan
- Nulisna dikantetkeun
Contona : Panonpoe, Mataholang, Kacapiring, Parahulu, Rajakya, Jrd
Kecap Kantetan Rakitan Anggang
Ciri-Cirina nyaeta :
- Unsurna can awor pisan
- Harti eta kecap kantetan masih keneh bisa dititenan tina unsur-unsur pangwangunan
- Nulisna dipisahkeun
Contona : Koneng gede, kacang panjang, indung bapa, mata simeuteun, pondok lengkah, kamar mandi, gede hulu, jrd
Masih loba keneh conto tina kecap kantetan boh kecap kantetan rakitan dalit atawa rakitan anggang
Advertisement