Bagian-bagian aksara sunda teh nyaeta :
1. AKASARA NGALAGENA
BASA SUNDA
Aksara ngalagena nyaéta aksara anu sacara silabis parantos
ngandung vokal /a/ jumlahna aya 23 (Dua Puluh Tilu) aksara, terus dibagi deui
janten 2 kelompok aksara
Nyaéta Aksara ngalagena tina bahasa sunda jeung Aksara
ngalagena tina bahasa serepan.
·
Aksara ngalagena tina sora basa sunda
Aksara ngalagena tina bahasa sunda, sadayana aya 18 aksara,
nyaéta : Ka, Ga, Nga, Ca, Ja, Nya, Ta, Da, Na, Pa, Ba, Ma, Ya, Ra, La, Wa, Sa,
Jeung Ha.
·
Aksara
Ngalagena Tina sora bahasa Serepan
Aksara Ngalagena tina sora basa serepan, sadayana aya 5
aksara nyaéta : Fa, Va, Qa, Xa, Jeung Za.
2. AKSARA VOKAL
MANDIRI /AKSARA SWARA BASA SUNDA
Aksara vokal mandiri/Aksara Swara jumlahna aya 7 ( tujuh ) Aksara, nyaéta :
A, É, E,EU, I, O, jeung U, ( a, é, e, eu, i, o, jeung u)
3. Aksara Pangwilangan / Angka
Dina bahasa sunda jumlah angka sarua jeung bahasa sejen pada
umumna nyaéta : 0, 1, 2,3, 4, 5, 6, 7,
8, jeung 9.
4. Panyora/ Pananda Swara / Vokalisasi
Pananda swara dina bahasa sunda jumlahnya aya 13 pananda
swara atawa lamun dina bahasa indonesia disebut tanda baca, Panyora anu 13
nyaéta :
Panghulu, Pamepet, Paneuleung, Panglayar, Panyecek, Panyuku,
Panyakra, Panyiku, Panéléng, Panolong, Pangwisad, Pamingkal, jeung Pamaéh
Advertisement