Sesebutan Bilangan Anu dilarapkeun Kana Barang nu Tangtu - Dina waktu katukang sim kuring tos share kecap sesebutan bilangan, tah dina kasepetan anu ayna sim kuring bade medar deui kecap sesebutan bilangan tapi ayena mah anu dilarapkeun kana barang, biasana di pake dina obrolan sapopoe, bahkan kadang sok aya dina soal ulangan di sakola.
Tapi sanajan kitu masih loba keneh kecap bilangan ieu anu barudak ayna teu arapaleun, tah ku kituna sim kuring medar deui kecap-kecap bilangan anu sok dilarapkeun kana barang ieu
mangga urang titenan hiji-hiji
Bilih aya anu bade nambihan mangga serat wae dina kolom komentar.
Haturnuhun
Tapi sanajan kitu masih loba keneh kecap bilangan ieu anu barudak ayna teu arapaleun, tah ku kituna sim kuring medar deui kecap-kecap bilangan anu sok dilarapkeun kana barang ieu
mangga urang titenan hiji-hiji
- Ambekan = Sadami
- Awi = Sabebek ( Sabeulah),Saleunjeur ( Hiji), Sadapur ( loba)
- Bako = Salempeng
- Bangsal = Sacangi ( sasiki)
- Bawang = Sasihung
- Beas = Sacangeum
- Bilik = Sailab
- Boeh = Sarirang
- Cai = Sakeclak
- Cau = Sasikat
- Daun = Sapongol, Sakompet
- Eurih = Sajalon
- Injuk = Sakakab
- Cangkir = Satangkeup
- Jahe = Sarempang
- Jambe = Samanggar
- Japati = Sajodo
- Kalapa = Sahulu
- Kaso = Sadapur, Salawuk
- Kertas = Salambar
- Koneng = Sasolor
- Manjah = Sadapur, Saluwuk
- Munding = Sarakit
- Muncang = Sadampa
- Nangka = Sacamplung
- Pakean = Sapangadeg
- Papan = Salambar
- Pare = Saranggey
- Peuteuy = Sapapan, sahangor,saempong
- Salak = Samangar
- Samping = Sakodi
- Sangu = Sapiring, sabakul
- Sawah = Sakotak
- Suluh = Sahurun
- Tambang/ Tali = Sabatekan
- Uyah = Sahuntu, Sagandu, Sabata
Bilih aya anu bade nambihan mangga serat wae dina kolom komentar.
Haturnuhun
Advertisement