20 Rupa Kadaharan Khas Sunda Paling Populer

Wilujeng tepang deui Baraya, Kumaha Belajar bahasa sunda na tos lancar?, Dina postingan ayeuna sim kuring baris ngabahas Rupa-rupa kadaharan / Macam - macam makanan anu aya di daerah pasundan anu nikmat rasana tur matak deudeuieun anu kakarek nyobaan. kadaharan asli urang sunda ieu diantarana tos jarang di jieuna kalindih ku kadaharan luar anu siap saji, padahal kadaharan khas sunda ieu teu eleh nikmatna jeung kadaharan siap saji, Tapi sanajan kitu loba keneh masakan khas sunda ieu disuguhkeun dina acara ririaan saperti hajatan, atawa ririeungan sejena. Naon wae atuh masakan / kadaharan asli urang sunda ieu. mangga lajeungkeun ngaosna ...

1. Burayot
Burayot

Burayot dijieun tina gula beureum jeung tipung béas pinilih, bahan jeung rasa sarua jeung kadaharan khas daérah lainna nyaéta ali agrem, tapi kusabab dijieunna bunder atawa ngaburayot, numatak dibéré ngaran burayot. Dahareun ieu loba dijieun ku masarakat Garut utamana Lélés, sabab bahanna gampang jeung rasana anu ni’mat.

2. Ceprus


Kadaharan ieu ayana ngan di daerah kuloneun kota Garut. Ceprus nyaéta sampeu anu dibeuleum panas diasupkeun kana gula beureum anu geus dipanaskeun (kinca), dahareun ieu kaasup langka sabab ngan nyampak di tempat anu ngolah husus aya gula beureum  asli tina tangkal kawung.

3. Cilok


nyaéta kadaharan asli ti Sunda. Dijieunna tina tipung aci wungkul atanapi dicampur sareng tarigu teras dicampur cai tuluy dikulub. Jang nambah kanu rasa, umumna adonanna ditambahan  bungbu, bisa ogé uyah hungkul.
Aya deui istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusina bisa rupi-rupi, misalna: abon, sosis, gajih, urat, enog puyuh, jeung sajabana.
Cilok biasa didahar jeung sambel kacang sareng kecap.

4. Karedok


Nyaeta mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan - bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeng terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem, gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun.

5. Katimus 


nyaéta kadaharan has ti daerah jawa barat, nyaeta di sabudereun tatar Sunda. Katimus dijieun tina parudan sampeu dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa anu dibentuk paranyang dibungkus ku daun cau. Ngasakanana nyaéta diseupan nepika keun geunyal, cirining éta katimus téh geus asak. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun ngadaharna dibaturan ku Bajigur. Biasa kadaharan ieu disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jeung sajabana.


6. Ali Agrem  ( Kueh Ali )


nyaeta Kueh tradisional, dijieun tina adonan beas jeung santen sarta gula kawung (gula arén). Bentukna buleud, tengahna bolong kawas ali (cingcin). Gedéna méh sarua jeung kuéh donat (rada leuwih leutik). Rasana méh sarua jeung kuéh cuhcur jeung kuéh burayot. Ni'mat saupama diopi atawa dicaneut jeung cikopi atawa cienteh haneut.



7. Apeum



Nyaeta kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. cara ngolahna ku cara di sepan dina katel diwadahan kana  loyang.

8. Awug 

nya éta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum,kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu kusabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung . Awug ogé bisa disebut tipung beasanu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud Adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum.


9. Ciréng 

nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda , dijieun tina aci sampeu, di bumbuan, tuluy digoréng.

10. Comro 

nyaéta kadaharan has ti jawa kulon ( jawa barat ). Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leiwih ngeunah lamun didahar waktu haneut kénéh.

11. Dodol 


nya éta jawadah nu liket jeung dalit pisan.Dodol Garut mangrupa salasahiji kadaharan tradisional sarta hiji komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén produsén dodol nu miboga kualitas luhung, alus sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba rupana Dodol garut ogé geus kasohor kamana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol nu sarupa ti daérah lianna. Industri dodol di Garut mimiti mekar ti taun 1926 ku Ibu Karsinah ngaliwatan prosésna nu kawilang basajan pisan nu satuluyna terus mekar nepi ka kiwari.Hal éta alatan:
Ngabogaan rasa nu béda sarta miboga kaleuwihan dibandingkeun dodol ti daérah nu séjénna.
Hargana murah bisa kahontal ku sakumna masarakat sarta mangrupa kadaharan nu kawilang dipikaresep ku masarakat.
Cara nyieunna kawilang basajan sarta bahan-bahanna ogé gampang ditéanganana.
Henteu ngagunakeun bahan pangawét jeung panambah kadaharan lian nu sipatna sintetis.
Ngabogaan kakuatan nu kawilang lila kurang leuwih 3 bulan.
Ieu komoditi gampang pikeun dimekarkeunana ku cara ngaréka bahan bakuna nya éta ngamangfaatkeun bahan lain saperti waluh,kentang, kacang, gedang, ganas, sirsak jeung réa-réa deui.Salian ti éta, pamaréntah daérah ogé milu ancrub dina pemasaranngaliwatan paméran-paméran, ogé ngaropéa kualitas produk dodol nu geus dipasarkeun

12. Dodongkal


Nyaéta kadaharan has ti Jawa Kulon, nyaeta di sabudereun tatar Sunda. Dodongkal dijieun tina tipung beas dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa. Ngasakanana nyaéta diseupan, mun geus terus dipotongan pasagi, dipurulukanku kalapa  meunang marud jeung wadahna ku daun cau. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didaharna isuk-isuk. Biasa kadaharan ieu disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jeung sajabana.


13. Koci


nyaéta hiji katuangan nu ilahar kapendak di wewengkn pulo Jawa, didamelna tina ketan nu aya eusian tina parudan kalapa sareng Gula Beureum atanapi campuran kacang hejo sareng gula beureum, dibungkus daun cau. Di Madiun Jawa Timur, koci katelah mbel-mbelan.

14. Kurupuk


(Ind. kerupuk; Ing. crackers) nyaéta salah sahiji jeniskadaharan jajanan (snacks). Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun "beurat" séjénna (hucap, baso, lotek, jrrd.).
Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkéna digoréng maké lisah kalapa atawa disangray.
Rupa-rupa kurupuk, Sababaraha jenis kurupuk nu loma aya di Tatar Sunda di antarana:
Kurupuk aci: kurupuk pangkawentarna di Tatar Sunda alias kurupuk standar kulantaran murah. Dijieun tina aci sampeu. Biasana bentukna buleud jeung warnana bisa macem-macem sanajan warna panglomana mah bodas. Ieu kurupuk teu pati kuat dina rasa, meureun kulantaran cara nyieunna nu teu ngagunakeun bungbu.
Kurupuk kulit (rambak, dorokdok): Kurupuk nu loba dijual di wewengkon Cirebon-Indramayu, dijieun tina kulit sapi. Rasana gurih deukeut ka asin tur boga ciri has sok léngkét na létahbari jeung méré "sensasi" tingbeletok. Puseur industrina aya ogé di Garut.
Kurupuk malarat/mlarat: Kurupuk ieu ogé loba dijual di wewengkon Cirebon jeung salah sahiji oleh-oleh dahareun nelah ti Cirebon. Sawatara jelema nyebutkeun yen ngaran kurupuk Mlarat teh diturunkeun ti na kecap "malarat" (melarat; B. Indonesia) nu artina sangsara ku dunya. Bisa jadi ieu teh dihubungkeun ku cara nyieunna nu henteu digoreng ku lisah atawa peletik tapi disangray make keusik panas. Bahan dasar kurupuk ieu sarua jeung kurupuk sejen nyaeta aci. Nu ngabedakeun krupuk ieu dina ngasakeunna nu henteu digoreng make minyak tapi disangray dina keusik panas. Biasana bungbu karek dibalurkeun sabada kurupuk asak. Warna nu loma beureum, bodas, jeung konéng. Di daerah asalna, sabungkus kurupuk mlarat diregaan 3.000-3.500 rupiah.
Kurupuk bondon: warnana beuruem lada tapi kacida nikmatna.
Kurupuk hurang: dijieun make bahan dasar hurang
Kurupuk jengkol: dijieun make bahan dasar jengkol
Kurupuk gendar: dijieun make bahan dasar gendar
Kurupuk Solondok: dijieun tina bahan dasar sampeu, rasana aya nu asin semu amis, aya nu lada. Séntra produksina loba di daérah Kabupaten Magelang, ari nu ngicalna mah di Bandung ogé seueur.

Kurupuk lianna

Kurupuk gadung: didamel tina gadung
Saroja
Kurupuk jaat: dijieun tina jaat
Ér'o (Rangginang oyek)
Kurupuk oyek:
Opak Didamel tina beas ketan.
Kicimpring (di sababaraha wewengkon diseut ogé beca):didamel tina sampeu
Rangginang (raginang, ranginang): didamel tina beas ketan.
Kurupuk édun: kurupuk beureum jeung lada kabeuki barudak sakola
Kurupuk rorombeheun: rupana bareulah jiga dampal suku nu rorombeheun, tapi nikmatna kacida luar biasa.
Rempeyek (atawa "goréng kacang"): dijieun tina tipung beas nu diabrukan  suuk atawa kacang kadele  tuluy digoreng.
Emping, tina  tangkil, kadang-kadang aya oge tina sampeu
Lagenar : di damel na tina sangu anu di garingkeun, tuluy di tutuan cara nyieun opak, 


15. Misro 


nyaéta kadaharan has ti jawa kulon ( jawa barat ). Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digoréng, alatan éta pisan dingaranan Misro anu mangrupa singketan tina amis di jero (basa Sunda). Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didahar mangsa masih kénéh haneut.

16. Ondé 


nyaéta ngaran kadaharan anu rasana amis, dijieun tina tipung ketan  anu dibuleud-buleud. Di jerona dieusian ku enten atawa kacang hejo, tuluy dipuih-puih di luhureun siki wijén, nepi ka éta siki wijén téh napel minuhan bagian luarna, sanggeus kitu digoréng

17. Papais


nyaèta hiji nami katuangan anu didamel tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah, di tengah-tengah papaisna aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna. Papais amis jiga kieu, sering disebut oge nagasari.
Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat nikah, Nyunatan, Tahlilan, Muludan, Rajaban, jeung sajabana. Tapi sok aya ogè anu jualan èta katuangan, umumna mah nu sok masih kènèh ngadamelan èta papais tèh ayana di pilemburan.


18. Peuyeum

peuyeum sampeu


peuyeum ketan
Nyaeta kadaharan anu di jieun tina sampeu atawa beas ketan. Cara ngolahna di sepan (kukus) terus di ragian sangges di ragian tuluy di bungkusan ku daun waru atawa daun tisuk, lamun peuyem ketan biasana di bungkusna ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira 2 poe. nikmat di daharna dina wanci panas atawa tengah poe.

19. Rangginang ( raginang, ranginang), 


mangrupakeun kadaharan nu kasohor di Indonesia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonésan ranginang gumantung wewengkonna masing-masing.Rangginang bisa didahar langsung, minangka susuguh keur semah boh di imah atawa dinukariaan, atawa bisa oge keur dengeun sangu. Keur didahar langsung, cocog lamun rangginang didahar jeung cikopi.


20. Rujak


Kadaharan lada nu dijieun tina rupa-rupa bungbuahan ngora atawa beubeutian. Bungbuahan jeung beubeutian nu dijieun rujak biasana buah ngora, balingbing, bangkuang, jeng sajaban. Nyieunna mah kawilang babari. Rupa-rupa bahan nu disebut di luhur dikeureutan. Bungbuna kayaning asem, cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coet. Rujak kawas kieu disebut rujak uleg. Ilaharna didahar pabeubeurang babarengan. Aya ogé rujak nu ngahaja dijieun dina acara husus anu disebutnababarit, rujakna disebut rujak kanistren. Aya ogé rujak anu bungbu, bungbuahan, jeung beubeutian dibebek babarengan, disebutna rujak beubeuk.


21. Sambel 

mangrupakeun deungeun/réncang sangu tradisional masarakat Malayu (kayaning di Indonesia, Malayasia, Singapura) dina wujud kawas saos anu eusina salawasna maké cengek atawa cabe, sahingga rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara nyieunna, nyaéta ku jalan diréndos dina coet, maké mutu. Gumantung kana bahan jeung cara nyieunna, nya sambel téh aya sababaraha rupa. Di masarakat Sunda, aya sababaraha rupa sambel, di antarana, 


Sambel goang
Sambel tarasi
Sambel oncom
Sambel Jahe
Sambel kecap
Sambel muncang
Sambel kacang
Sambel picung
Sambel goreng
Sambel tomat, jeng sajabana.


22. surabi atawa serabi 


nyaéta olahan tina tipung beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun ngagunakeun maké suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom. Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun Aya ogé anu dicampur jeung gula beureum maké cipati (santen). Samalah kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jeng nu sejena, ti éta, sok sanajan, cara nyieunna mah sarua baé

kadaharan anu liana :

Pistung (pais jantung)
Bobongko
Lotek
Cuhcur
Kemang pala
Keremes
Bugis
Wajit
Kolontong
Gula katingker
Advertisement
20 Rupa Kadaharan Khas Sunda Paling Populer