Mengenal Guguritan Secara Lengkap Dalam Budaya Sunda

Mengenal Guguritan Secara Lengkap Dalam Budaya Sunda - GUGURITAN Salasahiji wangun sastra nu mangrupa hasil karya sastra Sunda buhun nya éta Guguritan. Guguritan nya éta karangan dina wangun puisi anu pondok sarta kauger ku patokan pupuh. Numutkeun Tatang Sumarsono (1986: 60).

Guguritan téh asal kecapna tina gurit. Mun seug dipapay leuwih jauh, kecap gurit téh asalna tina basa Sangsekerta grath, hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina mah sarua baé nuduhkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun dangding.

Istilah guguritan ceuk Wibisana (Ruhaliah, 2002: 138) geus ilahar dipaké dina sastra Sunda, nya éta pikeun nuduhkeun hiji karangan anu ditulis nurutkeun padika pupuh anu dianggap hiji korpus (corpus) anu mandiri, atawa dianggap mandiri, tegesna hasil ngadangding anu diwangun ku sapada atawa sababaraha pada nu mangrupa gunggungan atawa mangrupa bagian tina gunggungan hiji topik atawa hiji téma.

Nurutkeun Iskandarwassid (1992: 46) guguritan nya éta puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Ku lantaran teu panjang, biasana mah ukur dina hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh saperti dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratif).

Sedengkeun Yus Rusyana (1981: 94) nyebutkeun yén guguritan karangan dina wangun ugeran teu bebas, lantaran kauger ku aturan pupuh. Ari seusina diwangun ku hiji jejer utama, sarta pikiran jeung perasaan pangarangna ogé museur ka dinya. Guguritan dina sastra Sunda nuduhkeun kana hiji wangun karangan pondok anu ditulisna dumasar kana patokan pupuh. Kecap pondok di dieu téh jadi ciri utama pikeun ngabédakeun guguritan jeung wawacan, lantaran wawacan ogé dina sastra Sunda mah mangrupa karangan ugeran anu kauger ku patokan pupuh. Bédana téh lebah panjangna carita, wawacan mah panjang, sedengkeun guguritan mah pondok. Anu dijieun patokan panjang pondokna téh nya éta jumlah pada.

Kulantaran caritana panjang, wawacan mah diwangun ku pada anu loba. Contona Wawacan Purnama Alam, diwangun ku genep rébu pada. Dina guguritan mah hiji carita anu ngandung hiji téma bisa diwangun ku sababaraha pada. Malah mungkin waé ngan ukur sapada. Ieu hal luyu jeung katerangan anu dijéntrékeun ku M.A. Salmun (1963: 54), nu nétélakeun yén wawacan mah mangrupa puisi anu dibukukeun.

Wawacan mah diwangun ku sababaraha pupuh, sarta réana warna pupuh gumantung kana panjang pondokna carita atawa kandel ipisna buku. Jadi tétéla, bédana guguritan jeung wawacan téh nya éta ditilik tina panjang pondokna karangan. Najan pada-pada ngagunakeun patokan pupuh, mun dibandingkeun jeung wawacan mah gelarna guguritan kaitung béh dieu.

Wawacan gelar dina abad ka 17, sedengkeun guguritan dina ahir abad 18 atawa awal abad 19. (Sumarsono, 1986: 60-61). Gelarna dina sastra Sunda, guguritan téh mangrupa sastra sampeuran, nu asalna tina pangaruh kabudayaan Jawa. Sabada Pajajaran runtag taun 1579, Pasundan kungsi diéréh ku Mataram. Kailaharan bangsa nu diéréh, sok tuturut munding kana kabiasaan bangsa nu ngéréhna, kaasup dina sual kabudayaan.

Loba pisan kabudayaan Jawa anu mangaruhan kana kabudayaan Sunda. Adat istiadat katatanagaraan jeung tata krama hirup kumbuh urang Sunda harita loba anu ngeunteung ka Jawa. Ti mimiti cara nyieun surat, ngagunakeun basa, nepi ka sual papakéan loba anu nurutan kabiasaan urang Jawa.

Mangsa harita loba urang Sunda anu muka patalimarga ka Jawa, utamana ti golongan para ménak. Lian ti perlu pikeun nguruskeun masalah katatanagaraan, ogé réa urang Sunda anu ngadon sarakola ka Jawa. Di Jawana di antarana diajar perkara dangding. Sabada mulang deui ka Sunda, kabiasaan urang Jawa ngadangding téh disebarkeun deui di lingkungan masarakat Sunda.

(Faturohman, 1983 :20). Guguritan ogé jadi sebutan pikeun hiji atawa sababaraha pada wangun puisi nu sok dilagukeun. Éta wangun puisi téh sok disebut pupuh, nu lobana aya 17 rupa, nya éta Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dangdanggula, Pucung, Maskumambang, Magatru, Mijil, Wirangrong, Pang-kur, Durma, Lambang, Gambuh, Balakbak, Ladrang, Jurudemung, jeung Gurisa.

Masing-masing pupuh ngabogaan katangtuan jumlah padalisan dina sapadana (patokan pupuh), nya éta jumlah engang dina unggal padalisan atawa guru wilangan, sora tungtung unggal padalisan atawa guru lagu, sarta watek pupuh.

Numutkeun Wibisana spk. (2000: 562), istilah-istilah kasebut di luhur loba sasaruaanana jeung istilah-istilah dina sastra Jawa, tapi béda dina cara makéna. Pupuh dina sastra Jawa mah mangrupa kumpulan pada nu kabéhanana ngagunakeun aturan nu tangtu, biasana sok disebut tembang atawa sekar, sedengkeun pupuh dina sastra Sunda nya éta nu sok disebut sekar dina sastra Jawa, sedengkeun numutkeun J.J. Ras dina Wibisana (2000: 562) nu disebut guguritan dina sastra Jawa (modérn) bisa dihartikeun “sajak”.

Hiji hal nu kudu diteuleuman ngeunaan pupuh nya éta pupuh dina sastra Sunda lobana aya 17. Dua pupuh teu kapanggih dina sekar atawa tembang Jawa, nya éta pupuh Lambang jeung Ladrang. Nepi ka jumlahna ngan aya 15. Aya kamungkinan, Lambang jeung Ladrang mangrupa ciptaan urang Sunda sorangan atawa modifikasi tina pupuh nu geus aya, tuluy dijadikeun pupuh nu mandiri (Darnawi dina Wibisana, 2000: 562).

Dina guguritan basa Sunda umumna ngagunakeun basa Sunda anu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Tapi pikeun kapentingan nyampurnakeun patokan dangding, pangarang kadang-kadang ngalakukeun tarékah séjén, saperti halna ngagunakeun basa campuran. Salia ti éta, pikeun nyampurnakeun katangtuan guru-lagu, kadang-kadang digunakeun basa séjén salian ti Basa Sunda, misalna basa Jawa, Malayu, atawa Sansekerta.

Malah dina guguritan aya anu ngandung budaya Arab, sabab aya sababaraha pangarang guguritan anu ngagunakeun basa Arab atawa eusi guguritan anu asalna tina ayat-ayat suci Al-Qur’an atawa hadis. Guguritan biasana dibaca dihahariringkeun maké lalaguan anu geus matok pikeun éta pupuh. Atawa ngahaja dijadikeun rumpaka dina tembang Cianjuran. Umumna eusina ogé diluyukeun jeung watek pupuhna.

Guguritan nyebar di masarakat sacara lisan ngaliwatan seni tembang Cianjuran. Kadieunakeun guguritan nyebar sacara tinulis ngaliwatan majalah jeung surat kabar. Diantarana Papaés Nonoman, Almenak Sunda, Pusaka Sunda, Parahiangan, Warga, Manglé, Kujang, Sari, jeung sajabana.

Dumasar kana eusina, numutkeun Sumarsono (1986: 61-62), guguritan bisa dipasing-pasing jadi 8, nya éta nu eusina:
1. Piwulang, contona: Piwulang Éyang karangan A. Karta Winata, Wasiat karangan Mas Atmadisastra, Asmarandana Lahir Batin karangan R. A. Bratadiwidjaja, Wulang Krama, Wulang Murid jeung Wulang Guru karangan H. Muhamad Musa.

2. Kaéndahan alam, contona: Ulin Dinten Minggu karangan A. Prawira, Guguritan Laut Kidul karangan Kalipah Apo, Ngalayung ka Tungtung Lembur jeung Di Sisi Talaga karangan M.A. Salmun, Di Jalan Tasik-Garut karangan Memed Sastrahadiprawira, Ngalantung di Empang Purwakarta karangan O. Suriadiwidjaja, jeung Titingalan di Puncak Gunung karangan Warsih.

3. Sikep atawa rasa nyaah ka lemah cai, contona: Inget ka Jaman Baheula jeung Bali Geusan Ngajadi karangan M.A. Salmun.

4. Pangalaman kabatinan, contona: Dangdanggula Panorah Rasa, Kinanti Ngahurun Balung jeung Sinom Pamulang Tarima karangan H. Hasan Mustapa.

5. Lumangsungna musibat alam, contona Kiamat Leutik karangan Tubagus Djajadilaga.

6. Kanyaah kolot ka anak (ka sasama manusa), contona: Aoseun Saha? Karangan Sumitadikarta, Bangbara Sareng Kembang karangan Sadi’an, Hutang nu Moal Kabayar karangan M. A. Salmun.

7. Suasana kahirupan manusa sapopoé, contona: Patani karangan S. Natamihardja, Titis Tulis, Pamayang, Ngawuluku jeung Tukang Gula karangan M. A. Salmun.

8. Kasedih, contona: Kasedih nu Kakara Ngumbara karangan A. Sukarja, Leungiteun Bapa karangan Memed Sastrahadiprawira jeung Di Pangperangan karangan Satjadibrata.

Guguritan gelar dina abad ka-19. Guguritan anu gelar sacara tinulis biasana sok dituliskeun saha pangarangna. Dijelaskeun ku Yus Rusyana (1984: 94) pangarang guguritan di antarana ieu di handap. 1) R. Haji Muhamad Musa (1822-1866) nganggit “Wulang Krama” (1862), “Wulang Guru” (1865), jeung “Wulang Murid” (1855);
2) R.A. Bratadiwijaya nganggit “Asmarandana Lahir Batin” (1892);
3) Haji Hasan Mustapa (1852-1930) nganggit welasan rébu pada guguritan, upamana baé “Kinanti Ngahurun Balung”, “Asmarandana Babalik Pikir”, “Sinom Pamulang Tarima”, “Dangdanggula panorah Rasa”, jeung réa-réa deui;
4) Kalipah Apo (R. Haji Muhamad Sueb) nganggit “Dangdanggula Laut Kidul” (1921);
5) M.A. Salmun anu mindeng maké ngaran singgetan M.A.S., jeung ngaran samaran (1903-1972) nganggit ratusan guguritan. Sabada perang dunya kadua mimiti jul-jol pangarang anyar, di antarana Wahyu Wibisana, Apung S. Wiriaatmaja, Yus Rusyana, jeung Deddy Windyagiri. Ka dieunakeun réa pangarang ngora nu nulis guguritan dina “Manglé”.

Ka dieunakeun malah aya nu nulis guguritan dina wangun buku, saperti Yus Rusyana ngarang guguritan Munggah Haji, Wahyu Wibisana ngarang Riring-riring Ciawaking, jeung sajabana (Ruhaliah, 2002: 139). Pamarekan Struktural (Nalungtik Guguritan) Tomas Warton (Koswara, 2007: 10) ngébréhkeun yén sastra téh gudang adat istiadat, buku sumber sajarah peradaban, utamana mah sajarah timbul jeung tilemna sumanget kasatriaan.

Ku sabab kitu sastra dianggap sabagé dokumén sosial bisa dipaké pikeun medar ihtisar sajarah sosial. Karya sastra samodél guguritan bisa disusud ma’na eusina. Pikeun prak-prakan nyusud ma’na eusi guguritan tétéla lain mangrupa kagiatan gampang, sabab bakal adu hareupan jeung téks anu tangtu anu kudu dima’naan.

Cara anu bisa digunakeun pikeun ngama’naan guguritan ngaliwatan pamarekan struktural. Strukturalisme dina awalna hadir di Prancis, nurutkeun Eagleton (Syuropati, 2011: 45), tumuwuh mimiti taun 1960-an. Sanajan kitu, strukturalisme geus aya jauh ti saacan éta. Tumuwuhna strukturalisme dimimitian ku ayana buku Caurse in General Linguistic (1916) ku Ferdinan De Saussure anu ngajadikeun basa salaku hiji sistem tanda anu dikaji sacara singkronis jeung diakronis (Syuropati, 2011: 45).

Struktural miboga fungsi pikeun ngabedah kaitan-kaitan atawa unsur dina hiji objék. Tiori strukturalisme sastra mangrupa hiji tiori pikeun pamarekan téks-téks anu nekenkeun sakabéh rélasi antara sababaraha unsur téks.

Strukturalisme sastra ngupayakeun ayana hiji dasar anu ilmiah pikeun tiori sastra, saperti halna disiplin-disiplin élmu séjénna (Syuropati, 2011: 45). Teew (Syuropati, 2011: 45) ngébréhkeun, asumsi dasar strukturalisme mangrupa téks sastra mangrupa sakabéhna, kesatuan anu buleud jeung miboga kohérénsi batiniah. Antara taun 1910-1915, di Itali jeung Rusia timbul gerakan Avant Garde anu dikenal salaku Gerakan Futurisme (Mass Depan). Ti dinya Formalisme Rusia dilahirkeun, anu dina giliranna jadi titik awal munculna élmu sastra modérn.

Gerakan anu dianggap salaku pelopor tumuwuhna tiori-tiori strukturalisme. Pamarekan struktural nganggap yén karya éta mangrupa hiji struktur anu unsur-unsurna atawa bagian-bagianna saling miboga kaitanna. Ma’nana kapanggih ku aya saling hubungan antara unsur-unsur éta jeung kasaluruhan atawa totalitasna (Ruhaliah, 2006: 38).

Unsur-unsur dina hiji karya sastra bisa dianalisis jeung didéskripsikeun. Tina analisis éta jadi jelas yén sababaraha unsur saling mangaruhan. Analisis struktur karya sastra berarti ngajéntrékeun pungsi jeung kaitanna jeung unsur-unsur séjén. Analisis di dieu bisa dilakukeun ku cara ngidéntifikasi, nalungtik leuwih jero, jeung ngadéskripsikeun pungsi jeung hubungan antarunsur intrinsik anu aya kaitanna. Struktural Formal Guguritan Naskah Haji Hasan Mustapa dina wangun pupuh guguritan.

Dina Kamus Basa Sunda (Danadibrata, 2006: 240), asal kecap tina guguritan téh gurit, ngagurit, nyusun basa kana pupuh, ngaran tembang, sok disebut ogé mangun. Ting. anggit, dangding, guguritan karangan anu dijieun gurit. Ting: karang sanggi gending. Guguritan anu dilagukeun téh disebut pupuh. Iskandarwassid (2003: 119) nyebutkeun pupuh mangrupa rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu kauger ku rupa-rupa patokan, boh wangunna boh eusina.

Tina hal wangunna, kaugerna téh ku réana padalisan dina unggal pada, ku réana engang dina unggal padalisan (disebutna guru wilangan), jeung kauger ku sora vokal dina engang panungtung dina unggal padalisan.

Tina hal eusina, kauger ku sipat eusina, naha digunakeun keur ngagambarkeun kabungah, kasedih, jsté. (disebut watek pupuh, sipat pupuh). Pupuh Sunda lobana aya 17, kabagi dua jinis nya éta sekar ageung jeung sekar alit. Anu kaasup kana sekar ageung di antarana Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula. Sedengkeun anu kaasup kana sekar alit nya éta Magatru, Mijil, Durma, Pangkur, Maskumambang, Pucung, Wirangrong, Jurudemung, Balakbak, Gambuh, Gurisa, Lambang, jeung Ladrang.

Nyusun pupuh kauger ku sababaraha aturan pikeun nyieun dangding. Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 14) nyebutkeun yén pola-pola nyusun dangding di antarana ieu di handap.
a. Guru-garta, nya éta katangtuan ngeunaan jumlah baris atawa larik dina masing-masing bait;
b. Guru-wilangan, nya éta katangtuan ngeunaan jumlah silaba (engang) dina unggal larik dina tembang Jawa anu dibéré ngaran guru petungan atawa guru wicalan;
c. Guru-lagu, nya éta katangtuan ngeunaan vokal dina silaba anu ahir ti tiap larik;
d. Wirahma, nya éta pemecahan larik kana dua gugusan silaba anu diwatesan ku pedoman (caesura); e. Adegan, nya éta paduan wangenan (sense unit) anu aya dina larik-larik atawa bait;
f. Karakter pupuh. 1) Guru-gatra, Guru-wilangan, jeung Guru-lagu

Satjadibrata jeung Soepandi (Ruhaliah, 2010: 14) nyebutkeun yén aturan guru lagu jeung guru wilangan pupuh dina tembang Sunda dijéntrékeun ieu di handap.
Tabél 2.1 Patokan Pupuh No Pupuh Baris ka- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1
Asmarandana 8-i 8-a 8-e/o 8-a 7-a 8-u 8-a 2
Dangdanggula 10-i 10-a 8-e/o 7-u 9-i 7-a 6-u 8-a 12-i 7-a 3
Kinanti 8-u 8-i 8-a 8-e 8-a 8-i 4
Sinom 8-a 8-i 8-a 8-i 7-i 8-u 7-a 8-i 12-a 5
Balakbak 12-a 3-e 12-a 3-e 12-1 3-e 6
Durma 12-a 7-i 6-a 7-a 8-i 5-a 7-i 7
Gambuh 7-u 10-u 12-i 8-u 8-o 8
Gurisa 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 9
Jurudemung 8-a 8-u 6-e 8-a 8-u 10
Lambang 8-a 8-a 8-a 8-a 11
Ladrang 10-e 8-a 8-i 12-a 12
Magatru 12-u 8-i 8-u 8-i 8-o 13
Maskumambang 12-i 6-a 8-i 8-a 14
Mijil 10-i 6-o 10-e 10-i 6-i 6-u 15
Pangkur 8-a 11-i 8-u 7-a 12-u 8-a 8-i 16
Pucung 12-u 6-a 8-e/o 12-a 17
Wirangrong 8-i 8-o 8-u 8-i 8-a 8-a

Katerangan: 8-a : hartina unggal larik diwangun ku dalapan suku kecap (silaba), tur sora panungtungna /a/.
Patokan pupuh di dieu aya ogé anu béda, nurutkeun Satjadibrata (Ruhaliah, 15) patokanna nya éta 8-e.

Dina tiorina, aya larik-larik dina pupuh anu jumlah suku kecapna ganjil.
Tapi dina sababaraha naskah kapanggih yén patokan-patokan éta henteu diturut. Rosidi (Ruhaliah, 2010: 17) nyebutkeun yén para pangarang guguritan dina tembang, sering ngalakukeun “palanggaran” kana patokan dangding.

Hal ieu dikasangtukangan ku patokan lagu tembang loba diadasaran ku lagu-lagu Sunda buhun, utamana papantunan anu umumna jumlah engangna aya genap (dalapan engang). Ku tiap baris anu nuruta aturan dangding engangna kudu tujuh, digenapkeun jadi dalapan (ditambah) ku para juru tembang. 

Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 19) nyebutkeun yén pikeun minuhan katangtuan guru-lagu, nu nulis dangding ngusahan ku cara-cara ieu di handap:
1) Mindahkeun salah sahiji kecap atawa kelompok kecap ka ahir larik;
2) Maké kecap anu dicokot tina basa Jawa;
3) Ngalemeskeun kecap. Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 20) ngébréhkeun aya sababaraha faktor kajadian panyaliwangan guru wilangan diklasifikasikeun jadi:
a. Panyaliwangan anu disababkeun ku mentingkeun wangun kecap, anu miboga tujuan sangan teu ngarukak kecap;
b. Panyaliwangan anu disababkeun ku pola métrik anu dijadikeun papagon si pangarang dina sababaraha hal némbongkeun henteu sarua jeung guru wilangan anu baku.

Rosidi (Ruhaliah, 2010: 7) nyebutkeun “Aya anggapan, yén karangan dina wangun dangding kadang ngan saukur ngutamakeun kaédah pupuh tur mopohokeun eusina, iwal ti karya Haji Hasan Mustapa. 2) Pedotan jeung Wirahma Nurutkeun Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 20) pedotan atawa randegan nya éta pangeureunan sora, jeda, atawa caesura. Panembang kana bagian-bagian anu tangtu dina hiji larik, nya éta kana pedotan, ngeureunkeun nyanyianna sakeudeung.

Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 20) tempat pedotan dina larik dangding ditabélkeun saperti ieu di handap. Tabél 2.2 Pedotan Larik Dangding No. Jumlah Silaba dina Larik Tempat Pedotan (ku tanda titik “.”):
 Pola a Pola b Pola c 1 5 3.2 2.3 - 2 6 4.2 3.3 2.4 3 7 4.3 3.4 2.3.2 4 8 4.4 3.3.2 3.2.3 5 9 4.3.2 4.2.3 - 6 10 4.4.2 4.3.3 4.2.4 7 11 4.4.3 4.3.4 4.2.3.2 8 12 4.4.4 4.3.3.2 4.3.2.3 3)

Adegan Nurutkeun Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 21) adegan nya éta sense unit anu kaasup ku larik (-larik) atawa bait (pada) hiji dangding. Kadang-kadang piekun istilah ieu dipaké oge kecap randegan. Sedengeun M.A.

Salmun (Ruhaliah, 2010: 21) nyebutkeun yén randegan mangrupa istilah séjén pikeun pedotan. Hiji gubahan atawa dangding bisa disebutkeun alus saupama tiap larik mangrupa kalimat anu sampurna.

Sedengkeun nurutkeun Hardjawiraha (Ruhaliah, 2010: 22), adegan lain dijadikeun ku hiji larik (gatra) hungkul, tapi éta ogé ku dua atawa tilu larik nu tangtu. 4) Karakter Pupuh Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 22) ngajelaskeun yén klasifikasi pupuh didadaaran ku karesep masarakat, nya éta:

1) Pupuh anu paling dipikaresep, nya éta pupuh Dangdanggula, Sinom, Asmarandana, jeung Kinanti; 2) Pupuh anu biasa muncul dina wawacan, nya éta pupuh Dangdanggula, Sinom, Asmarandana, Kinanti, Durma, Pangkur, Pucung, Magatru, Mijil, jeung Maskumambang
3) Pupuh anu jarang dipaké nya éta pupuh Wirangrong, Balakbak, Gurisa, jeung Lambang;
4) Pupuh anu ampir kapopohokeun nya éta pupuh Ladrang, Gambuh, jeung Jurudemung.

 Anu aya kaitanna jeung karakter pupuh, Kartomi (Ruhaliah, 2010: 22) ngajéntrékeun yén babagian tembang macapat diwangun ku opat tipe utama, diwincik ieu di handap.
1) Pupuh anu sifatna liris (ungkapan tina hate), nya éa Kinanti, Asmarandana, jeung Mijil;
2) Pupuh anu sifatna nyaritakeun nya éta Dangdanggula jeung Sinom;
3) Pupuh anu sering dipaké pikeun ngagambarkeun ajadian anu dahsyat jeung heuras nya éta Durma jeung Pangkur;
4) Pupuh anu sifatna heuras jeung panas nya éta Maskumambang jeung Pucung.

Nurutkeun Satjadibrata (Ruhaliah, 2010: 22) watek pupuh intina diwangun ku opat jinis ieu di handap.

1) Dangdanggula anu miboga harti gumbira;
2) Maskumambang anu miboga harti prihatin;
3) Balakbak anu miboga harti humor;
4) Durma anu ngagambarkeun amarah. Struktur Naratif Dina hakékatna mah mangrupa struktur. Éta struktur téh, diwangun ku unsur-unsur karya sastra anu silih rojong.
Advertisement
Mengenal Guguritan Secara Lengkap Dalam Budaya Sunda
Loading...