Dongeng Sasakala Selat Sunda

Dongeng Sasakala Selat Sunda - Wilujeng patepang deui baraya dulur salembur baraya sabangsa. dina postingan ieu admin bakal medar salah sahiji dongeng sasakala asal usul selat sunda. mangga salajeungna urang simak carita selat sunda dina bahasa sunda ieu.

Dongeng Sasakala Selat Sunda


Jaman baheula di Pulo Jawa beulah kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal ngarana Radén Sundana, ari anu bungsu Radén Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa jeung Sumatra téh ngahiji.

Ku sabab Prabu Rakata geus sepuh pisan, tuluy masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan téh dibagi dua. Anu beulah wétan ka Radén Sundana, nu beulah kulon ka Radén Tapobrana.

Sanggeus ngabagi nagara, Sang Prabu undur ti karaton, ngabagawan di hiji tempat anu aya di tapel wates nagara nu di bagi dua téa. Undur ti karaton téh teu aya barang nu dibawa salian ti guci pusaka titinggal karuhnna.

Hiji mangsa dina taun ka genep, Sang Prabu ngadangé béja yén Radén Sundana jeung prajurit nagarana ayeuna keur ngarurug karajaan adina, keur ramé rebutan pati. Sang Prabu teu kira benduna, ceg kana guci pusaka anu geus dieusian ku cai laut, tuluy mangkat ka médan laga, kasampak dua putrana keur jogol ngadu jajatén. Sakurilingeunana para prajurit keur perang campuh.

Nempo ramana datang, Radén Sundana jeung Radén Tapobrana kalintang rareuwaseunana. Harita kénéh perang tanding eureun. Duanana geura nyampeurkeun, cedok nyarembah. Paraprajurit ti dua pihak ogé areureun perangna.

Dua putra téh harita kénéh beak beresih diseukseukan ku Prabu Rakata. Pangpangna Radén Sundana anu lepat ngarurug nagara nu diratuan adina.

Dua putrana anu sarila tarungkul marando, teu lalemék ngararék. Nempo kitu, Sang Prabu ngadeg, ceg kana guci pusaka téa.

“Kawasna kudu ku cara kieu ngawatesan nagri téh. Muga-muga baé hidep duanana bisa hirup tiis tingtrim enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngokolakeun nagri sewang-sewangan,” saurna bari ngucurkeun cai laut tina guci pusaka téa sapanjang tapel wates nagri.

Tuluy guci pusaka nu geus kosong téh disimpen di tempat urut jogolna dua putra, maksudna pikeun ngingetan. Sanggeus kitu karék Prabu Rakata balik ka tempat nyepéna.

Lila teu lila tapel wates nagri nu dikucuran cai laut tina guci pusaka téh ngajanggélék jadi selat, nu kiwari katelah Selat Sunda.

Dingaranan Selat Sunda téh lantaran kasalahan Radén Sundana sarakah hayang miboga nagri nu diratuan ku adina, nepi ka bapana nyieun cara misahkeun éta dua nagri ku laut.

Ari guci pusaka nu di simpen dina tempat urut jodolna Radén Sundana jeung Radén Tapobrana, ngajanggélék jadi gunung nu katelah Gunung Rakata atawa Gunung Krakatau, ngalap jenengan Prabu Rakata nu boga éta guci.
Advertisement
Dongeng Sasakala Selat Sunda
Loading...