Contoh Percakapan Memperkenalkan Diri Dalam Bahasa Sunda
Percakapan
Memperkenalkan Diri
Ahmad : “Nepangkeun, Abdi Ahmad ti
Sukabumi, dupi saderek saha?”
Galih : “ Oh abdi Galih ti Jampang Kulon”
Ahmad : “ Nuhun atuh tiasa ditepangkeun,
mudah-mudahan tiasa damel sareng dina ieu kagiatan”
Galih : “ Muhun nya, mangkaning salami
tilu dinten urang kedah sasarengan, abdi mah nembean da ngirngan acara ieu teh”
Ahmad : “ Sami abdi oge da nembean, tapi
alhamdulillah nya urang kenging kasempetan kanggo ngiring ieu kagiatan. Mudah-mudahan
we tiasa nambih pangaweruh sareng pangalaman”
Galih : “ Amin… Nu pangutamina mah
urang tiasa nambihan rerencangan”
Ahmad : “ Muhun nya, hayu atuh urang ka
lebet aula bilih kabujeng dikawitan acarana”
Galih : “ Muhun, Hayu!”
Demikian contoh paguneman memperkenalkan diri dalam bahasa sunda, semoga bermanfaat.
Kosakata Singkat
- Saderek = Saudara
- Ditepangkeun = Dipertemukan
- Rerencangan = Teman
- Nembean = Baru
- Kenging = Dapat
- Lebet = Masuk