-->

Sinopsis Singkat Wacana MAHABARATA Versi Bahasa Sunda

Cerita MAHABARATA merupakan cerita yang tidak asing ditelinga kita, karena memang cerita yang merakyat dan populer apalagi cerita mahabarata berserta para tokohnya sering diceritakan lewat keseniang wayang, baik itu kesenian wayang golek ataupun wayang kulit. 

Sinopsis Singkat Wacana MAHABARATA Versi Bahasa Sunda


Wacana Singkat MAHABARATA

Berikut ini adalah wacana mahabarata yang diringkas secara singkat dalam bahasa sunda. 

1. Luluhur Pandawa


Nyaritakeun, karuhun Pandawa. Timimiti Prabu Santanu anu maréntah nagara Astina nepi ka Prabu Déstarata. Dina carita ieu, nyaritakeun kumaha Prabu Santanu miboga prameswari Satyawati. Prabu Santanu geus boga anak nu ngarana Bisma ti prameswari nu kahaiji.

Ti Satyawati, Prabu Santanu boga dua anak ngarana Citranggada jeung Citraséna. Saenggeus meunang umur Citranggada diangkat jadi raja. Teu lila Citranggada ogé mulih kajati, nu ngaganti raina Citraséna atawa Wicitrawirya.

Wicitrawirya boga dua Prameswari ngarana Ambika jeung Ambalika (Ambahini), tapi teu boga anak. Sang Raja ahirna mulih kajati tanpa boga turunan. Ku usaha Bisma (supaya raja boga turunan), dua janda Wicitranggada dikawinkeun ka Maharesi Abiasa, nu masih anakna Satyawati ti carogé kahijina Bagawan Parasara. Ti Abiasa dua prameswari téh ngalahirkeun dua putra, tapi duanana cacad. Destarata nu teu bisa nempo jeung Pandu Dewanata nu kulitna bulé. Anu engké jadi raja Astinapura nya éta Pandu Dewanata adina.

2. Pandawa Jajaka


Bagian ieu nyaritakeun Pandu kawin ka Kunti ti Nagri Madura jeung ka Madri ti Nagri Madraka. Ti Kunti boga anak Yudistira, Bima jeung Arjuna. Ti Madri boga anak Nakula jeung Sadewa. Anak Pandu katelah putra Pandawa. Destarata kawin ka Gandari ti Nagri Gandara boga anak nu katelah Kurawa nu jumlahna saratus. Anak Destarata nu kasebut mah aya Suyudana,

Kisah saterusna nyaritakeun cara ngasuh jeung ngadidik pararumaja Pandawa jeung Kurawa dina asuhan Bisma jeung Sang Guru Dorna.

3. Pandawa Papa


Dimimitian ku Destarata nyerahkeun kalungguhan salaku raja ka Yudistira putra cikal Pandawa. Kurawa teu rela Yudistira jadi raja. Maranéhna néang akal kumaha carana supaya nagara Astina jadi milik Kurawa. Maranéhna ngarasa boga hak sabab Destarata sanajan lolong ogé anak cikal raja Astina.

Pertentangan antara Pandawa jeung Kurawa kalah ka teterusa. Suyudana anak cikal Destarata dipapanas baé ku Patih Sakuni, manéhna hayang maéhan kabéh Pandawa. Bagian ieu ahirna ku Pandawa jadi minantu raja Pancala Prabu Drupada nu kawin ka anakna nya éta Drupadi.

4. Pandawa Ngadeg Raja


Dimimitian ku sumebarna kabar yén Pandawa lolos ti bahaya kabakaran jeung masih hirup. Ku mufakat kabéh putra-putra Astina, Pandawa ahirna dibéré sabagian nagri Astina beulah kidul. Nu jadi raja Astina nya éta Suyudana. Indraprahasta kapilih pikeun ngayakeun upacara “rajasuya” nya éta hiji upacara nu nandakeun ngan karajaan nu panggedéna nu meunang ngayakeun upacara ieu.

5. Pandawa Diperdaya


Kurawa ngarasa tambah dengdem ka Pandawa sabalikna ti Indraprahasta. Suyudana malah hayang nganggeuskeun ku jalan perang,tapi Patih Sakuni jeung para Kurawa nu séjéna mere jalan nu leuwih halus, nya éta ngondang Pandawa minangka tanda hatur nuhun sabab Astinapura geus diondang jeung dijamu ku sagala kaméwahan. Éta nu katempo lahirna mah. Tapi, maksud utamana mah Semiaji rék diajak ngadu.

6. Pandawa Kasangsara


Pandawa kapaksa ninggalkeun nagara jeung ngumbara ka leuweung saperti para resi. Dina pangumbaraan ieu kagambarkeun susah-seneng para Pandawa. Arjuna berhasil meunangkeun sanjata ampuh ti Batara Indra.

Kisah ieu ditutup ku episode Karna takluk ka sang Pandita ( Batara Indra), baju kéré nu teu kebal sanjata ditukeur ku tumbak keur perang Baratayuda. Ku dibukana baju kéré Karna bakal tiwas dina perang.

7. Pandawa Nagih Jangji


Arjuna (panengah Pandawa) keur tatapa nepi ka berhasil jeung balik deui ka Pandawa. Maranéhna mufakat arék balik deui cicing di leuweung Kaniaka supaya babari panggih jeung Kresna. Didieu Panawa mufakat rék nagih jangji ka para Kurawa.

8. Mepek Balad


Pandawa ngutus Kresna ka Astina pikeun nagih jangji ka Suyudana.tapi Suyudana teu milaré, manéhna kalah ingkar kana jangjina. Teu bisa dicegah deui perang Baratayuda bakal kalakonana.

Ti dua pihak kabéh pada ngumpulkeun balad. Nataharkeun sasadiaan keur perang. Dunana sarua kuatna pada boga prajurit nu gagah tur kuat.

9. Baratayuda I


Bagian ieu ngalanjutkeun persiapan perang Baratayuda. Dusun-dusun jeung negri leutik mimiti tiiseun sabab kaom lalakina mangkat ka medan perang. Dina bagian ieu dikisahkeun kumaha Arjuna nu mimitina nolak pikeun ngilu perang sabab pihak lawan téh dulur saturunan.

Bisma arif ogé yén perang Baratayuda antara Pandawa jeung Kurawa sabenerna perang ngabela kahadéan di atas kabatilan atawa kajujuran ngalawan kasarakahan.

10. Baratayuda II


Mimiti perang tanding antara Bisma jeung Srikandi, Prajurit Kurawa mundur. Saenggeus Bisma tiwas maka maju Resi Dorna. Dina perang tanding antara Dorna jeung Arjuna, maka Dorna ahirna tiwas.

Ahirna sabab teu aya deui perwira-perwira nu tanggoh, ti pihak Kurawa Suyudana sorangan éléh ku Bima. Kurawa takluk saenggeus 18 poé perang. Dua beulah pihak bébéakan.

11. Pandawa Seda


Nyaritakeun kumaha kaayaan nagara sanggeus perang. Pihak Pandawa ngutus utusan ka Astina ka Sang Prabu Destarata ngajelaskeun perang anggeus jeung nu punjul téh pihak Pandawa. Tapi Pandawa tacan bias ngadep sabab arék ngalakukeun “nyucikeun diri” di Bangawan Gangga.

Ahir kisah nyaritakeun kabéh Pandawa berkat Yudistira nu pang sampurna ngalaksanakeun hirup di dunya ku pinuh kasabaran, kaadilan, jeung kanyaah. Maka Pandawa nu lainna ditempatkeun di surga. Kurawa ngan mimitina baé dibéré kasempetan ngasaan saeutik kani’matan surge nu ahirna mah jadi pangeusi naraka.


C. Analisis Wawacan


1. Ditilik tina jihat ajén moral

Dina ieu wawacan loba pisan ajén-ajén moral nu bisa dijadikeun tuladan ku urang, diantarana baé :

· Kudu silih tulungan jeung papada jelma, teu nempo tina saha éta jalma.

· Kudu silihasah, silihasuh, silihasih jeung nu jadi dulur.

· Kudu ngahormat kanu jadi kolot jeung nurut kana naséhat kolot, nyaah kanu sahandapeun.

· Mun jadi pamingpin kudu adil, sangkan rahayat jeung nagara ma’mur kerta raharja loh jinawi.

· Kudu tuhu kana jangji, teu meunang ingkar kana jangji sabab jangji téh hutang.

· Jalma mah teu meunang ngumbar napsu atawa amarah sabab balukarna urang sorangan nu bakal rugi sorangan.

· Kudu jujur, sabab mun jujur tangtu urang bakal loba nu mercaya.

· Teu meunang takabur atawa sombong.

· Sing daék usaha lamun hayang nu jadi tujuan téh kahontal.

· Kudu sabar nalika meunang cocoba, sabab sabar bakal mawa urang kana kasampurnaan hirup.

· Kalangenan nu teu mangpaat bakal ngarugikeun urang sorangan, leuwih hadé lamun kalangenan téh mawa mangpaat.

· Perang ngabalukarkeun sagalana rugi, boh harta jeung nyawa. Perang nimbulkeun kasangsaraan keur rahayat.

· Salaku warga nagara nu hadé urang kudu ngilu bela nagara lamun nagara aya dina kaayaan perang.

Deskripsi Data Wawacan


Judul : Mahabarata

Pangarang : Wijasa

Kandel : 354 kaca

Ditarjamahkeun ku : R.Memed Sastrahadiprawira, R.Satjadibrata, M.A.Salmun

Deskripsi umum : Wawacan Mahabarata diwangun ku 10 jilid.

1.Luluhur Pandawa

2. Pandawa Jajaka

3. Pandawa Papa

4. Pandawa Ngadeg Raja

5. Pandawa Diperdaya

6. Pandawa Kasangsara

7. Pandawa Nagih Jangji

8. Mepek Balad

9. Barata Yuda I

10. Barata Yuda II

11. Pandawa Seda
Advertisement
Sinopsis Singkat Wacana MAHABARATA Versi Bahasa Sunda
Loading...