-->

Mengenal Carpon Carita Pondok Bahasa Sunda dari Masa Ke masa

Mengenal Carpon (Carita Pondok) dalam bahasa sunda - Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita: carios, ucap, omongan, dongéng, lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun saeutik. Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran pondok, caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba. 

Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita pondok mah eusina kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat, waktu kajadian jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian. 

Sumber gambar : google


Dongéng mangrupa hasil sastra béh ditu, sedengkeun carpon mangrupa hasil sastra béh dieu. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carpon mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna.

Carita pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992). Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. 

Buku kumpulan carpon anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930. Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok nu mimiti dina sastra Indonesia, nyaéta Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu kaluar taun 1936. 

Ngaran nu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, G.S. Ceuk R. Ero Bratakusumah, GS téh mangrupa ngaran samaran tina G. Suwandakusuma nu kungsi jadi wadana. Sedengkeun ceuk M.A. Salmun mah G. Sastradireja.

Karangan wangun carpon umumna hirupna téh ku ayana majalah jeung kalawatra, lantaran dimuatna dina éta media. Pikeun ngamalirkeun karangannana, urang Sunda ngadegkeun majalah Papaés Nonoman (1915), Padjadjaran (1981), Volksalmanak Sunda (1919), Pusaka Sunda (1923), jeung Sipatahunan (1923) nu engkéna jadi surat kabar Parahiangan (1929), Panghegar (1952).

Sabada Indonesia merdeka mimiti harirup majalah-majalah jeung kalawatra anyar, di antarana:

1) Warga ( Bogor, 1951);

2) Sunda (Bandung, 1952);

3) Candra ( Bogor, 1954). Nomer munggaran medal bulan Mei 1954. Dihandapeun ngaranna ditulis “Majalah Bulanan Roman Sunda Populer”. Tapi nu dimaksud roman di dieu mah carita pondok, lain novel. Pangasuhna dicekel ku S. Eeng Natadipura, sedengkeun rédaksina diaping ku M.A.Salmun.

4) Kujang (Bandung, 1956);

5) Manglé (Bogor, 1957);

6) Kiwari (Jakarta, 1957);

7) Sari (Bandung, 1963);

8) Langensari (Bandung, 1963);

9) Sangkuriang (Bandung, 1964);

10) Baranangsiang (Bogor, 1964). Diadegkeun ku Yayasan Kebudayaan;

11) Campaka (Bandung, 1965) ku Yayasan Campaka. Tumpur dina taun 1967;

12) Mingguan Sunda (Bandung, 1966);

13) Kutawaringin (1966) majalah bulanan nu diterbitkeun di Subang;

14) Wangsit nu diterbitkeun di Bandung dina bulan Ferbruari 1966 ku Yayasan Bakti Haruman;

15) Hanjuang (1971);

16) Gondéwa (1972);

17) Giwangkara (1973);

18) Galura (1947);

19) Cupumanik (2003); jst.

Dina usum perang mah langka jalma nu miroséa sastra. Sabada suasana karasa aman deui, réa pangarang nu nulis deui carita pondok. Karanganana, salian ti digelar dina majalah-majalah, aya ogé kumpulan carita pondok nu medal, di antarana:

1) Carita Biasa karangan R.A.F (Balé Pustaka, 1959). Kaldelna 119 kaca.

2) Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (Balé Pustaka, 1960), kandelna 64 kaca.

3) Hujan Munggaran karangan Ayatrohaédi (Balé Pustaka, 1960) kandelna 76 kaca.

4) Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan R.A.F (Taraté, 1961).

5) Néangan karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 104 kaca.

6) Jurig karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 88 kaca.

7) Béja Ti Maranéhna karangan Ki Umbara (Pusaka Sunda, 1964).

8) Parawan karangan Yus Rusamsi (Pusaka Sunda, 1964).

9) Tamiang Meulit ka Bitis karangan Ermas, sandiasma R.Rachmat Marta Adi Subrata (Pusaka Sunda, 1965).

10) Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (Pusaka Sunda, 1965).

11) Teu Tulus Paéh Nundutan karangan ki Umbara (Pusaka Sunda, 1965).

12) Diwadalkeun ka Siluman karangan Ki Umbara (Kiwari, 1965) kandelna 80 kaca.

13) Paséa karangan Tini Kartini, diterbitkeun ku Cupumanik dina taun 1965.

14) Heuay karangan Eddy D. Iskandar, diterbitkeun taun 1980.

15) Nu Teu Kungsi Kalisankeun karangan Abdullah Mustapa, diterbitkeun taun 1981.

16) Nu Tepung di Imah Dukun karangan I.Asikin, diterbitkeun taun 1983.

17) Nyi Karsih karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1984.

18) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985.

19) Jajten Ninggang Papastén karnagan Yus Rusyana, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1988.

20) Halimun Peuting karangan Iskandarwassid, diterbitkeun ku rahmat cijulang taun 1989.

21) Jiad Ajengan (Usep romli HM, 1991).

22) Panggung Wayang karangan Aam Amilia, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1992.

23) Ceurik Santri (Usep Romli, Rahmat Cijulang, 1985, 1991)

24) Mirah Dalima karangan Kis Ws, diterbitkeun ku Girimukti Pasaka taun 1992.

25) Serat Sarwa Satwa 9Godi Suwarna, Geger Sunten, 1995).

26) Awéwé Dulang Tinandé (Caraka).

27) 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan RAF, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.

28) Oknum karangan Hadi AKS, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.

29) Nu Harayang Dihargaan karangan Darpan Ariawinangun, taun 1998.

30) Pantun Pangrajah (Usman Supéndi, 2002).

31) Anak Jadah (Cecep Burdansyah).

32) Astrajingga Gugat (Oom Sumara de Uci).

33) Koruptor (Oom Somara de uci, 2002).

34) Anaking Jimat Awaking (Wahyu Wibisana).

35) Babu Kajajadén (Syarif Amin).

36) Lalakon Bingbang (Dian Hendrayana).

37) Paséa jeungg Nyi Karsih (Tini Kartini, 2003, KBU).

38) Ajalna Sang Béntang Film (Duduh Durahman, 2004, KBU).

Salian ti kumpulan carita pondok karangan hiji pangarang, aya ogé kumpulan carita pondok nu mangrupa antologi, di antarana:

1) Kanjutkundang dikumpulkeun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, diterbitkeun ku Balai Pustaka taun 1963.

2) Anting Pérak nu diterbitkeun ku Sargani Bandung, taun 1966.

3) Carécét Sulam diterbitkeun ku Sargani taun 1966.

4) Demi pasukan diterbitkeun ku Sargani taun 1966.

5) Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa, Duduh Durahman, jeung Karno Kartadibrata, diterbitkeun ku Manglé taun 1983.

6) Petingan dikumpulkeun jeung disawang ku Duduh Durahman, diterbitkeun ku Manglé taun 1984.

7) Guriang Tujuh dikumpulkeun ku Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, jeung Rachmat M. Sas Karana, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1984.

8) Ti Pulpén Tepi ka Pajaratan Cinta (antalogi carpon mini, 2002).

9) Kanagan, kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana (Geger Sunten, 2003).

10) Campaka Mangkak (PPSS, Kiblat Buku Utama, 2003).

11) Heulang Nu Ngajak Béngbat (PPSS, KBU, 2004).

UNSUR INTRINSIK CARPON

Unsur intrinsik nyaéta unsur-unsur nu aya di sajeroning carpon saperti téma, latar, alur, jeung penokohan.

1) Téma. Nyaéta ide pokok dina hiji carita

2) Latar. Latar dibagi jadi dua nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nyaéta tempat-tempat nu aya jeung dicaritakeun dina carita, sedengkeun latar waktu nyaéta waktu lumangsungna kajadian nu aya dina carita.

3) Alur. Alur dibagi jadi alur maju, alur mundur, jeung alur mobok tengah atawa campuran, hiji carita ngabogaan alur maju mun caritaanana ngaguluyur ti awal nepi ka ahir. Alur mundur mun caritaanana dimimitian nyaritakeun nu geus kajadian jadi nu dicaritakeunana ti ahir ka awal. Sedengkeun alur campuran mah campur-campur bisa ditengah heula terus ka awal atawa ka ahir.

4) Penokohan. Penokohan dibagi jadi tokoh utama jeung tokoh tambahan. Tokoh utama nyaéta tokoh nu sering dicaritakeun atawa sering muncul dina caritaan sedengkeun tokoh tambahan mah dicartitakeun ngan sakilas-sakilas.

Advertisement
Mengenal Carpon Carita Pondok Bahasa Sunda dari Masa Ke masa
Loading...