-->

Kaduhung Bag. 8 | Carita Sunda

Assalamu alaikum palawargi sadayana anu parantos manco dina ieu blog Belajar Bahasa Sunda, haturnuhun pisan parantos satia dina blog sareng postingan ieu anu nuju medar dongeng sunda dina judul " Kaduhung" karangan Lina Herlina. 

Sanajan ieu ngan saukur dongeng alias carita rekaan / karangan tapi ieu dongeng sae pisan kanggo urang regepaneun atawa jadi eunteung pikeun urang sadayana dina ngalakonan kahirupan di alam dunya intina dina ngajalankeun hirup rumah tangga. Sumangga urang lajeng deui dongengna. 

KADUHUNG


Bag. 8

Karangan : Lina Herlina

Sanggeus Ratna ninggalkeun Dinda jeung Diki paduduaan di tengah imah, Diki ngamimitian muka obrolan jeung Dinda.

"Hampura nya, Néng! Aa nembé ka dieu téh, sanés pédah aya damelan. Tapi, Aa isin ku kaayaan Aa, ayeuna. Néng ogé tiasa ningal panginten, kumaha kaayaan Aa, ayeuna, sedengkeun, kaayaan Néng ayeuna, beuki dieu mingkin geulis jeung cahayaan pisan. Aa mah nepi ka percaya teu percaya tiasa pendak deui jeung Néng téh." Pok Diki bari tungkul. Kalan-kalan sok babalieuran bakating ku éra.

"Ulah kitu, Aa! Da Néng mah ti baheula ogé, tara ningal kaayaan pisikna. Néng mah ningal laku lampah jeung eusi nu aya dina jero haténa." Témpas Dinda.

"Mémangna Néng teu isin kitu, wanoh atanapi rerejengan deui jeung Aa? Kaayaan Aa anu sakieu caludihna, pakéan ogé jauh tina kecap saé," pok deui Diki.

"Henteu, Aa! Néng mah moal isin." Témpas Dinda ngayakinkeun Diki.

"Alhamdulillah, atuh. Aa, bungah pisan ngupingna ogé. Kumaha iber, carogé, Néng?" 

"Alhamdulillah, damang. Sawalerna, kumaha iberna tuang garwa Aa, damang?"

"Damang panginten, Néng! Aa mah tos lami pisan teu pendak sareng pun bojo. Tong boroning sareng pun bojo, hoyong pendak sareng budak sorangan ogé, sesah pisan."

"Naha, Aa? Mémangna di mana, kitu?"

"Caket. Ngan pun bojo abdi mah tos alim pendak deui jeung kuring. Ti saprak kuring malarat. Pami pendak ogé, anu pangheulana ditanyakeun téh, pasti wé duit résiko. Sanés kaayaan kuring kumaha?" ceuk Diki pinuh ku rasa nalangsa.

"Naha nepi ka kitu Aa, gaduh tuang garwa téh?" Pok Dinda milu nalangsa.

"Matak, Aa mah mending tebih sakalian. Puguh-puguh, teu kaurus ku pun bojo ogé. Carogé Néng mah ageung milik tiasa ngajatuk rami jeung Néng. Pasti bagja pisan, tiasa ngajatuk rami sareng Néng mah." Pok Diki bari neuteup Dinda anu katingali masih kénéh boga rasa cinta ka manéhna.

Bari silihteuteup, duanana ngarasakeun haté anu sarua aya dina jero haténa. 

Dinda mingkin teu nyangka, kahirupan Diki ogé sarua nalangsa siga manéhna. Dinda jadi miharep balik deui ka mangsa anu ka tukang. Lamun seug téh bisa balik deui, tangtu ayeuna téh Dinda bakal bagja dipihukum ku Diki.

Tapi, Takdir teu bisa dipungkir, kajadian anu geus dilakonan ku duanana teu bisa balik deui ka mangsa anu geus kaliwat.

Ayeuna, waktuna ngajalankeun kahirupan séwang-séwangan.

Nyérélékna waktu nepi ka teu karasa ku duaan bakating ku sono kakara panggih deui. Sanajan sono kénéh, tapi geus waktuna papisah sabab geus lain-lainna deui. Diki jeung Dinda kudu tumarima kana kaayaan ayeuna anu teu bisa ngahiji jadi salaki pamajikan.

Sanggeus papanggihan jeung Diki, Dinda mulang deui ka imahna. Anjog di imahna, Dinda jol ngahuleng, manéhna ngarasakeun naon anu geus dilakonan ku Diki. 

Coba lamun baheula téh ngajatuk rabi jeung kuring, pasti moal nepi ka nyeri haté siga kitu. Gerentes Dinda bari gogoléran dina korsi. 

Teu lila, jol aya sora notipikasi dina hapéna Dinda.

Barang dibuka téh, WA ti Diki, "Néng, tos dugi ka bumi, acan?" tanya Diki.

"Atos!" témpas Dinda singget.

"Néng, naha nya. Aa, émut waé, ka Néng?"

Dinda reuwas campur bungah ningali eusi WA-na Diki sabab Dinda ogé sarua keur inget ka manéhna.

Dinda ngarasa bingung, rék némbalan naon ka Diki sabab sieun salah. Sanajan Dinda sarua inget ogé, tapi sieun jadi katutuluyan.

"Naha teu diwaler? Néng mah pasti teu émut, nya?" tanya deui Diki dina WA.

"Sami, émut waé kuring ogé." Témpas Dinda.

"Alhamdulillah, atuh! Sanés waktos, jangjian papanggihan deui, yu!" ajak Diki.

"In Syaa Allah, pami diparengkeun waktosna." Témpas Dinda deui.

"Alhamdulillah, atuh. Ari carogé tos mulang, acan?"

"Acan, sakedap deui. Kumaha, kitu?"

"Kersa teu, pami urang vc-an, ayeuna?"

"Hhmm ..., kumaha, nya?"

"Wios atuh, Néng! Aa, sono kénéh ka Néng. Ari Néng, sono teu?"

"Sono."

"Hayu atuh, cuang vc ayeuna!" ajak deui Diki satengah maksa.

Antukna mah Dinda teu bisa nolak ajakan Diki. Dinda rumasa sarua inget jeung sono kénéh ka manéhna. Dinda jeung Diki anteung vici paduduaan nepi ka dua jamna, hapéna ogé nepi ka lowbath.

Sanggeus réngsé vici jeung Diki, Dinda ngingkig ka cai ngadon mandi. Teu lila, kurunyung Sahrul anu karék mulang digawé. Harita, Dinda tacan nyampakeun nanaon keur Sahrul sabab waktuna béak dipaké ngobrol jeung Diki.

"Hampura, Aa! Pas mulang di teun Ratna téh, kuringna ngadon kasaréan, bakating ku capé." Pok Dinda mésem bari nyumputkeun kabohonganana.

"Teu sawios, Néng! Pangninyuhkeun kopi wé, nya!" pok Sahrul bari nitah.

"Muhun, Aa!" témpas Dinda bari tuluy ngingkig ka dapur.

Ningali paroman Dinda, Sahrul ngarasa aya anu disumputkeun ku Dinda. Sahrul geus ngarasa Dinda ngabohong ka manéhna. Tapi, Sahrul moal waka Suudzon. Sahrul hayang nempokeun heula nepi ka mana Dinda ngabohong ka manéhna.

Cag...

Kaduhung Bag.7        Kaduhung Bag. 1        Kaduhung Bag. 9


Advertisement
Kaduhung Bag. 8 | Carita Sunda
Loading...