-->

Kaduhung Bag.2 | Carita Nyambung Bahasa Sunda

Kaduhung Bagian ka 2 dina Carita nyambung Bahasa Sunda pedarang Teh Lina Herlina urang pedar deui. Kanggo nu teu acan maca bagian kahiji mangga link na tos disadiakeun ku admin di postingan paling handap. 


KADUHUNG

Bag. 2

Karangan : Lina Herlina

Ti barang sadar, nepi ka tunggang gunung, Dinda nyireukeum di kamarna, padahal tamu masih kénéh jul-jol nepi ka wanci sareupna. Unggal tamu anu datang, pasti pada nanyakeun pangantén awéwéna. Tapi, Sahrul teu bosen ngawalerna.

Maju ka sareureuh budak, Dinda masih kénéh nyireukeum di kamarna. Sanggeus réngsé sagalana, Sahrul asup ka kamarna Dinda bari mawa sangu sapiring keur Dinda.

"Neng, tuang heula atuh!" pok Sahrul bari ngasongkeun piring eusi sangu.

"Sok wé, sorangan!" tempas Dinda bari ngadilak.

"Tapi, Néng téh, teu acan tuang ti sonten kénéh!" pok deui Sahrul.

"Keun baé! Ulah mikiran urang, pikiran wé diri sorangan!" témpas Dinda bari nyeuntak.

"Ulah kitu, Neng! Bilih teu damang engkéna, tuang heula, yu! Ku Akang huapan, nya!" pok Sahrul bari ngolo.

"Ceuk aing embung, embung! Naha meni maksa nya? Ka ditu ah! Montong saré di dieu!" témpas Dinda beuki ambek.

Bakating ku ambek, ditambah ku rasa ngéwa ka Sahrul, Dinda ngajurung-jurung Sahrul sangkan kaluar ti kamarna.

"Tapi, Neng!" 

"Kaluar! Ceuk aing kaluar, kaluar!" pok Dinda bari teu maliré omongan Sahrul.


Sanggeus Sahrul kaluar ti kamarna, tuluy Dinda nutupan panto nepi ka dijeuleubétkeun satarikna. Bakating ku tarik sorana, indungna Dinda anu nempokeun nepi ka reuwas barung nu éra ku Sahrul alatan kalakuan anakna, sedengkeun Sahrul teu bisa kukumaha dikitukeun ku Dinda. Dalah kumaha ogé, Dinda geus sah jadi pamajikanana. Sahrul boga kawajiban keur nungtun pamajikanana ka jalan anu bener jeung anu dipikaridho ku Gusti Anu Maha Kawasa.

Kurunyung, indungna Dinda nyampeurkeun Sahrul anu harita diusir ti kamarna ku Dinda. Bari mésem tuluy indungna Dinda nyarita.

"Hampura, Jang, nya! Dinda geus campeulak ka Jang Sahrul," pok indungna Dinda bari ngusapan leungeunna.

"Teu sawios, Mah! Abdi gé ngartos, Abdi gé tiasa ngaraoskeun Dinda anu teu acan tiasa nampi sim kuring dina haténa," témpas Sahrul.

"Hampura Jang, nya! Mama teu aya maksad kanggo maksa Jang Sahrul sangkan tiasa nyadarkeun Dinda. Tapi, mama percaya, Ujang tiasa ngarobah haté Dinda anu taya pisan rasa kabungah ti saprak ditinggalkeun ku kabogohna anu harita," pok deui indungna Dinda bari ngaheulas.

"Oh kitu, Mah? Insya Allah, mudah-mudahan abdi tiasa muka deui haté Dinda kanggo sararéa sangkan tiasa mendak deui kabagjaan".

"Aamiin Ya Robbal Aalamiin! Mudah-mudahan, nya! Mama mah pasti ngarojong pisan kana niat Ujang anu saé pisan".

"Tapi, hapunten pisan sateuacanna, Mah. Dupi, tos lami kitu Dinda aya hubungan sareng kabogohna anu kapungkur, téh?" tanya Sahrul.

"Aya kana opat taunan, Jang!" témpas indungna Dinda.

"Lami ogé geuningan, nya!" pok deui Sahrul.

"Muhun. Matak ngabatin pisan kana diri Dinda, sesah pisan hilapna. Malahan mah Diki téh kantos aya niat badé ngajak tunangan heula pami duanana tos lulus kuliah!".

Ngadéngé carita mitohana, Sahrul kur bisa mésem, bari teu loba nanya deui.

Maju kapeutingnakeun, Sahrul kur bisa ngagolér dina korsi di tengah imah. Sahrul teu bisa asup ka kamar sabab pantona dikonci ku Dinda ti jero. Sahrul gogodeg jeung mésem, dirina teu bisa kukumaha ningali kalakuan Dinda.

Keur gulinggasahan dina korsi, kurunyung mitohana mawa simbut keur manéhna.  

"Jang! Ieu simbutna," pok mitoha awéwéna bari ngasongkeun simbut.

"Hatur nuhun, Mah," témpas Sahrul bari gep, nampanan simbut.

Mitoha awéwéna teu loba nanya deui ka Sahrul bakating ku éra kana  kalakuan budakna anu geus nganteup salakina saré sorangan di tengah imah. Sahrul nyimbutan awakna tuluy  saré nepi ka tibra, bakating ku capé.


Wanci kokorongok hayam, Sahrul saged hudang, teu poho ngadunga. Sahrul cengkat tuluy ngageudig ka kamarna Dinda. Bari geugeuroan, Sahrul keketrok ka nu panto kamarna Dinda.

"Neng ..., Neng ..., atos Shubuh! Geura gugah, Neng ...!" ceuk Sahrul bari keketrok.

"Neng ...!" pok deui Sahrul ti luar kamar.

Aya kana tilu kalina, Sahrul geugeuroan ka Dinda. Tapi, taya waleran pisan. Bari gogodeg, Sahrul ngaléos muru ka kamar  cai. Saméméh ka kamar cai, Sahrul paamprok jeung mitoha lalakina anu sarua rék ngadon abdas di kamar cai.

"Jang, mana Dindana?" tanya Bapa mitoha.

"Néng Dinda mah teu acan gugah, Pa!" témpas Sahrul.

"Beu, kacida! Padahal ieu téh, geus waktuna Sholat Shubuh!" pok deui Bapa mitoha.

"Kin, Pa! Ku abdi digugahkeun deui, pami tos réngsé Sholat Shubuh!" témpas Sahrul.

"Oh, muhun atuh, Jang!".

Bari tungkul jeung rengkuh, Sahrul ngoloyong ka kamar cai. 

Sanggeus réngsé Sholat Shubuh, Sahrul muru deui ka kamarna Dinda. Bari ngajanteng, Sahrul ngetrok deui panto kamarna sangkan Dinda hudang. Karék ogé sakali ngetrok, jol rekét ... panto kamar dibuka ku Dinda. Bari panon molotot, Dinda nyarékan Sahrul.

"Naon, sih! Ti tatadi téh, ngadon keketrok panto wé haben, meni ngagandéngkeun!" pok Dinda bari ngaléos.

Sahrul kur bisa molohok ningal paromanan Dinda anu ambekna nepi ka kitu. Sahrul gogodeg jeung mésem, tuluy asup ka kamarna Dinda. 

Harita, Sahrul geus surti ku kaayaan Dinda. Tapi, Sahrul moal saruana. Sahrul rék usaha sangkan Dinda bisa narima kanyaah Sahrul anu kalintang gedéna. Sanajan karék munggaran ngalaki rabi. Tapi Sahrul geus nyaah pisan ka Dinda.

Unggal poé, unggal waktu, salila jadi pamajikan, taya pisan kabagjaan jeung kasenangan anu di sanggakeun ka Sahrul. Gawéna ngan ukur gogoléran dina kasur bari noélan hapé, siga kalakuan dalangna anu nyarita. Unggal peuting, unggal saré, ngadon nukangan waé ka nu jadi salakina. Boro-boro, marawanan, ditoél saeutik ogé ngadon molototan.

Aya kana samingguna, Sahrul nyokot cuti, ayeuna geus mimiti asup deui digawé. Rebun kénéh, Sahrul saged ka cai, mandi, tuluy naheur cai keur ninyuh kopi. Ambéh wareg, ngopina dibarengan ku roti anu aya dina lomari. Sahrul kur bisa nginum cikopi jeung dahar roti, keur mumuluk manéhna sorangan. Kangaranan saimah jeung mitoha, Sahrul henteu bisa bébas kana pacabakan, komo deui siga kieu, anu miboga pamajikan, tapina haré-haré. Sanajan digeuing-geuing ogé, Dinda mah angger wé tibra. Sanggeus Sahrul indit digawé, kurunyung indungna Dinda asup ka kamarna Dinda. Bari molohok, indungna asup ka kamar laju ngageuingkeun Dinda anu masih kénéh saré.

"Dinda, gugah, bageur! Naha wayah kieu, masih kénéh tibra?" pok indungna.

"Naon, Mah, atuh!" témbal Dinda bari gigisik.

"Ari kongkorongok hayam téh, hég gugah, tuluy siapkeun sagala kaperluan salaki anu rék indit digawé! Ieu mah, ngadon saré kénéh waé, nya."

"Keun baé atuh, Mah! Da manéhna ogé bisa nyiapkeun sagalana ku sorangan!" témbal deui Dinda.

"Ulah kitu, bageur! Geus kawajiban urang, salaku pamajikan, ngurus salaki!" pok indungna mamatahan Dinda.

"Ti mimiti ogé, Dinda mah teu boga rasa cinta ka si Sahrul, Mah! Salah saha maké jeung daék ngalaki rabi jeung kuring," pok deui Dinda.

"Dinda, bageur, dangukeun, Mama! Mama jeung Bapa ngajodokeun Dinda téh, lain ka jalma anu ukur boga ngaran wungkul. Tapi, Mama jeung Bapa, geus apal sagala kaayaan jeung lakulampah kulawarga Sahrul. Mama téh hayang Dinda miboga kabagjaan jeung kahadéan, lamun bisa nyanding saumur hirup jeung Sahrul. Sahrul téh lulusan ti pasantrén anu geus katelah panghadéna di lembur. Kabéh santrina baroga jabatan anu dibarengan ku Akhlak anu hadé," pok indungna ngayakinkeun Dinda.

"Pokona, Dinda mah teu bogoh. Dinda moal aya rasa cinta ka manéhna, nepi ka iraha ogé!" pok deui Dinda keukeuh.

"Rasa cinta mah engké ogé bakal aya. Engké ogé bakal nuturkeun. Asal, Dindana kudu bisa masrahkeun sagalana ka Nu Maha Kawasa..." pok deui indungna.

"Mah, Dinda mah kur cinta ka Diki. Nepi ka iraha ogé, cinta Dinda ka Diki hamo leungit," pok deui Dinda bari ngaléos.

Astaghfirullah. Gerentes haté indungna bari gogodeg ningali kalakuan Dinda.

 Indungna Dinda bisa ngarasakeun, naon anu dirasakeun ku Dinda ayeuna. Tapi, indungna Dinda yakin, ku sagala kalakuan Sahrul anu pinuh ku rasa kanyaah, Dinda pasti bakal bisa mopohokeun rasa cintana ka Diki.

Cag...........

Kanggo baranya nu teu acan maca bagian kahiji mangga :

Kaduhung Bag. 1                                   Kaduhung Bag.3

Advertisement
Kaduhung Bag.2 | Carita Nyambung Bahasa Sunda
Loading...