-->

Kaduhung Bag. 12 | Carita Basa Sunda

Assalamu alaikum palawargi sadayana anu parantos manco dina ieu blog Belajar Bahasa Sunda, haturnuhun pisan parantos satia dina blog sareng postingan ieu anu nuju medar dongeng sunda dina judul " Kaduhung" karangan Lina Herlina. 

Sanajan Carita Bahasa Sunda dina Judul Kaduhung ngan saukur dongeng alias carita rekaan / karangan tapi ieu dongeng sae pisan kanggo urang regepaneun atawa jadi eunteung pikeun urang sadayana dina ngalakonan kahirupan di alam dunya intina dina ngajalankeun hirup rumah tangga. Sumangga urang lajeng deui dongengna. 



KADUHUNG

Bagian : 12

Karangan : Lina Herlina

Unggal waktu, unggal panggih sok dibarengan ku muaskeun birahina séwang-séwangan. Nepi ka hiji waktu, Dinda gering. Unggal poé teu weléh ongkék waé. 

"Kunaon, Néng?" Sahrul nanya Dinda anu keur ongkék di cai.

"Asup angin sigana, mah!" témpas Dinda bari nyepengan beuteung anu karasa sebel bari wor deui ongkék.

"Ka Dokter atuh, yu!" ajak Sahrul bari mencétan pundukna.

"Moal, ah!" témpas Dinda anu nampik ajakanana.

"Naha? Aa téh apanan salaki Néng, geus kawajiban Aa, ngurus Néng," pok Sahrul bari teu eureun mencétan pundukna Dinda.

Dinda teu daék dianteur ka dokter sabab manéhna kasieunan mun seug tuluy hamil. Dinda ngarumasakeun geus tilu kali ngalakukeun pagawéan anu matak pidosaeun jeung Diki. Dinda boga niat, rék ngajak Diki ka dokter. Matak, ajakan Sahrul ka Dokter teu digugu ku Dinda.

Salila ngararasakeun kanyeri anu ninggang awakna, Dinda nepi ka leuleus jeung lungsé pisan. Bakating ku teu téga, sagala pagawéan nu aya di imahna dilakukeun ku Sahrul.

"Antepkeun pagawéan imah mah, engké ku Aa dibéréskeun sadayana. Ayeuna mah rinéh heula wé jug di kamar!" ceuk Sahrul bari nyokot sapu anu keur dicepengan ku Dinda.

"Tapi, A?" Dinda ngahuleng bari ngeclakeun cipanon.


Dinda teu nyangka, sanajan Dinda sok kasar jeung galak ka Sahrul, tapi Sahrul nyaah pisan ka manéhna. Dinda ngarasa teu pantes jadi pamajikanana Sabab dirina geus hianat kana cinta Sahrul. Rasa kaduhung tangtosna aya dina haté Dinda. Tapi, lamun enya manehna hamil, Dinda bakal ménta tanggung jawab ka Diki.

Beuki dieu, awakna mingkin lalungsé. Antukna, Dinda daék diajak ka dokter ku Sahrul. 

"Hayu atuh, Néng! Cuang ka dokter, ambeh Néng damang deui." Sahrul ngajak anu kadua kalina ka dokter.

"Enya atuh, A." Harita mah Dinda nurut kana ajakan Sahrul.

Ngadéngé waleran Dinda anu daék diajak ka dokter, Sahrul gura-giru nyiapkeun sagalana. Teu lila, Sahrul ngahurungkeun motorna, tuluy ngabelenyeng indit ka dokter jeung Dinda.

Barang anjog di rohangan dokter, Dinda ngagolér dina kasur, tuluy awakna dipariksa. Sanggeus dipariksa, Dinda diuk gigireun Sahrul bari ngaregepkeun omongan dokter.

"Kumaha, Dok? Teu damang naon pun bojo, téh?" Sahrul nanya panasaran.

"Teu nanaon, Pa! Ieu mah perkara anu biasa dirasakeun ku Ibu hamil. Tuang garwa tos hamil dua sasih. Wilujeng nya, Pa!" témpas Dokter bari mésem.

Deg, haté Dinda reuwas jeung pinuh ku rasa bingung. Dinda babalieuran tuluy luk tungkul teu wani neuteup kana pameunteu Sahrul, sedengkeun manéhna ngan ukur bisa mésem laju nangkeup Dinda jeung nyium taarna. Sanajan haténa raheut, tapi Sahrul kudu bisa tumarima kana kajadian nu geus tumiba kana dirina.


Mulang ti dokter, Sahrul jeung Dinda leumpang babarengan. Tapi, taya hiji ogé kecap anu kaluar tina biwirna Sahrul. Barang sup ka imahna, Sahrul ngaléos muru ka kamarna. Tong boroning nanya, Sahrul teu ngarérét-rérét acan ka Dinda, manéhna geus kuciwa ku kalakuan Dinda jeung teu dihargaan pisan. Sahrul ngarasa gagal muka haté Dinda. Saméméh  ka kamar, Sahrul indit heula ka cai, ngadon abdas, asup ka kamar, tuluy Sholat.

Ningali kalakuan Sahrul anu haré-haré ka manéhna. Dinda ngan ukur bisa ngahuleng jeung teu bisa kukumaha. Manéhna rumasa geus ngalakukeun kasalahan anu matak ambek kana diri Sahrul. Dinda ngan ukur bisa rambisak jeung ngarasa kaduhung. Tapi, dalah kumaha ogé, waktu teu bisa balikan deui. Rasa kaduhung geus pasti aya dina panungtung. Tapi, Dinda moal maksa Sahrul sangkan jadi bapana budak. Manéhna rék ménta tanggung jawab ka Diki.

Bari nyusutan cipanon, Dinda indit ka tepas. Dinda ngahaja nga-WA Diki rék ngajak papanggihan deui jeung Diki.

"Aa, nuju sibuk, teu?" Dinda nanya Diki dina WA.

"Henteu. Aya naon, Néng?" Diki malik nanya.

"Kuring aya piomongeun, penting pisan!"

"Aya piomongeun, naon? Ayeuna wé atuh, dina WA."

"Teu tiasa, Aa. Kuring hayang ngomong langsung."

"Néng, sono ka Aa, nya?"

"Enya lah. Pami ayeuna ka dinya, tiasa teu?"

"Aya naon, Néng? Asa rareuwas jeung panasaran ieu téh?"

"Penting pisan, pokona mah!"

"Enya sok, atuh! Diantos ayeuna,di dieu!"

Réngsé nga-WA Diki, Dinda gura-giru indit ka imahna. Tanpa dibarengan deui idin ti salaki manéhna indit rurusuhan.

Teu lila, Dinda geus nepi ka teun Diki anu harita téh keur diuk nungguan manéhna. Bari mésem, Dinda nyampeurkeun Diki bari tuluy ceurik.

"Kunaon, Néng?" Diki nanya bari ngahuleng.

Dinda ngadon ngagolér dina lahunan Diki bari jeung masih kénéh ceurik.

"Kunaon, Néng? Waler atuh, Aa jadi panasaran ieu téh?" tanya deui Diki mingkin panasaran.

"Néng hamil, Aa!" témpas Dinda singget.

"Nu bener, Néng?" Diki molohok reuwas ngadéngé waleran ti Dinda.

"Bener, Aa! Néng téh nembé mulang pisan ti Dokter. Salaki Néng ogé, jadi haré-haré ayeuna mah. Pokona, Néng teu hayang nyaho. Aa, kudu tanggung jawab." Pok Dinda bari cengkat dina lahunan Diki.

"Naha ménta tanggung jawab ka Aa. Apanan, Néng ogé, boga salaki atuh." Témpas Diki rada nyentak.

"Tapi, kuring mah ngalakukeun sagalana ogé jeung Aa, lain jeung salaki. Matak, Néng ménta tanggung jawabna ka Aa," pok deui Dinda mingkin nyorongot.

"Ari salaki Néng, kumaha?"

"Lamun Aa, kersa tanggung jawab, Néng bakal nuturkeun Aa. Néng rék ninggalkeun salaki demi Aa,"

Ngadéngé omongan Dinda, Diki jol gagaro teu ateul mingkin bingung bari can ngaenyakeun kahayang Dinda. Dalah dikumaha ogé, manéhna rumasa geus ngalakukeun perkara anu kuduna teu meunang dilakukeun. Tapi, Diki masih kénéh aya masalah anu ngaganjel kahirupanna.

Cag...

Advertisement
Kaduhung Bag. 12 | Carita Basa Sunda
Loading...