-->

Kaduhung Bag 14 | Carita Sunda

Wilujeng tepang deui baraya satia Belajar Bahasa Sunda, dina sababaraha dinten kapengker sim kuring teu acan update carita pedaran Bahasa sunda dina Judul " Kaduhung" jalaran Sim Kuring nuju aya padamelan Offline, Tah ayeuna urang lajengkeun deui nya pedarana nu nincak kana bagian ka 14 dimana dina Bagian ka-13 Dinda geus nyokot kaputusan kawin jeung Diki urut kabogohna baheula sabari ninggalkeun Sahrul nu jadi salakina... Kumaha atuh kelanjutan caritana? Sumangga urang pedar deui dina postingan ieu.



KADUHUNG

Bag. 14

Karangan : Lina Herlina

Sahrul hémeng ningali surat ti Dinda bari teu nyangka cintana masih kénéh nyaliara nepi ka leuwih milih hirup jeung Diki tibatan manéhna. Padahal, tadina mah rék narimakeun kaayaan Dinda anu ayeuna. Sanajan janin anu dikandung  lain darah dagingna. Tapi, Sahrul bakal nyaah jeung rék dianggap anak sorangan.

Duh, Dinda. Kumaha Aa nyarita ka si Mama, tadina mah moal nyarita kaayaan anu sabenerna. Tapi naha Dinda ngadon ingkah dina kahirupan, Aa? Gerentes Sahrul pinuh ku rasa bingung nu teu manggih tungtung laju ngucap Istighfar.

Harita kénéh, Sahrul nelepon Dinda. Tapi, sanajan keur aktif ogé, weléh teu diangkat waé. Sahrul mingkin bingung nepi karasa lalungsé kana awakna. Sapeupeuting nepi ka teu bisa saré mikiranana. Teu lila, manéhna cengkat laju Sholat Tahajud ditungtungan ku wirid nepi ka wanci janari. Teu karasa manéhna tuluy kasaréan dina sajadah nepi ka shubuh.

Sedengkeun, Dinda jeung Diki keur meujeuhna ngumbar kabagjaan duaan. Taya deui pikiran anu matak ngarungsingkeun maranéhna. Bakating ku bungah, Dinda nepi ka poho kana sagalana, geus teu inget lamun seug kolotna nepi ka apal kana kalakuanana tangtuna bakal ambek kana dirina. Nu aya dina pikiranana ukur kabagjaan anu duaan.

"Alhamdulillah Aa, antukna mah urang bisa ngahiji deui," Ceuk Dinda pinuh ku rasa kabungah.

"Néng, bungah teu ngahiji jeung Aa?"

"Kantenan atuh, Aa"

"Tapi, wayahna nya, Aa mah moal milari heula pakasaban anu anyar," pok Diki bari nyengir.

"Naha, Aa?" Dinda nanya bari mencrong ka Diki.

"Apanan, artos anu kénging nyandak dina ATM, seueur kénéh atuh, Néng." Témbal Diki bari nyengir.

"Ari milari mah, milari heula wé atuh. Bilih artosna kabujeng séép."

"Atuda, Aana alim ninggalkeun Néng nyalira, Aa hoyong sapapanjangna caket sareng Néng," pok deui Diki, ngolo bari nyium taar Dinda.

"Ah, Aa mah. Bisa waé, nya," ceuk Dinda bari imut ngagelenyu.


Ari kangaranan anyaran kawin mah, katoél saeutik téh, tungtungna mah angger wé ka nu lain deui. Sanajan kawin sirih, tapi geus sah ceuk agama mah. Matak, geus bébas rék kumaha-kumaha ogé, moal aya nu nyarék.

Aya kana samingguna, Sahrul hirup nalangsa ditinggalkeun ku Dinda. Bari jeung teu puguh rasa sabab Sahrul ngarasa masih kénéh boga tanggung jawab. Dalah kumaha ogé, Sahrul kudu bisa nyarita ka kolotna Dinda yén budakna leuwih milih Diki tibatan dirina. 

Hiji waktu, Sahrul ngawanikeun manéh datang ka imah mitohana. Sanajan ngarasa beurat, tapi Sahrul kudu bisa méréskeun masalahna.

Tok...tok...tok...

"Assalammualaikum."

Sahrul ngetrok panto dibarengan ku uluk salam.

"Wa'alaikum salam. Éh, jang Sahrul. Hayu ka lebet!" témbal mitoha awéwéna bari luak-lieuk.

"Hatur nuhun, Mah!" témbal deui Sahrul bari gék diuk.

"Naha nyalira, Jang? Ari Dinda ka mana?" tanya mitohana.

"Hhmm ..., kumaha iberna Mah, damang?" Sahrul ngadon malik nanya sabab can wani némbal pananya mitohana.

"Alhamdulillah, pangesto, Jang! Kumaha sawalerna?"

"Alhamdulillah, sami pangesto, Mah!" témbal Sahrul bari tungkul.

"Aya naon ieu téh, Jang? Mama mah ngarasa Jang Sahrul téh aya piomongeun anu penting pisan." Indungna Dinda nyeuleukseuk nanya ka Sahrul barung nu panasaran.

"Hapunten sateuacanna, Mah. Sanés kuring badé comél, tapi kuring boga picaritaeun anu Mama kedah apal. Kuring moal tiasa tanggeng waler deui kana kahirupanna Dinda."

Sahrul nyarita saperluna.

"Aya naon atuh ieu téh, sabenerna?" Indungna Dinda mingkin panasaran.

"Ieu surat ti Dinda." Ceuk Sahrul bari ngasongkeun surat.

Indungna Dinda ngahuleng sanggeus nampa surat.

Surat dibuka laju dibaca. 


Réngsé maca, Indungna Dinda jol rambisak bari teu ngomong saeutik-eutik acan. Indungna teu nyangka ningali kalakuan Dinda anu nepi ka béla pisan ka Diki.

Ras ningali ka Sahrul, Indungna Dinda ngarasa éra. Harita, dirina asa kabentar ku guludug pabeubeurang.

Panonna méncrong kana hapé, tuluy gep dibawa ka lebah téras imahna.

"Kedap Jang, nya!"pokna bari ngaléos ninggalkeun Sahrul sorangan di tengah imah.

Di téras, Indungna Dinda nyobian nelepon Dinda. Tapi, angger teu diangkat waé, ngadon aya nu ngabéjaan yén nomer téh geus teu ka daftar deui. 

Diganti nomerna kitu, Dinda téh? Gerentes Indungna Dinda bari luh lah jeung ambek.

Réngsé nelepon bari jeung teu nyambung, indungna Dinda asup deui ka imahna, nyampeurkeun Sahrul anu keur nungguan di dinya.

"Kumaha atuh, Jang? Teu aktif waé geuningan nomerna Dinda téh."

"Muhun, Mah. Ti saprak ninggalkeun bumi ogé, nomerna téh tos teu tiasa ditelepon deui."

"Duh, Dinda. Naha nya, mani teungteuingeun ka salaki téh. Sangkilang boga salaki sholéh, tapi ngadon ditinggalkeun. Ngadon milih lalaki anu can puguh juntrunganana." Pok deui Indungna Dinda.

Ngadéngé omongan indungna Dinda, Sahrul ukur bisa simpé. Sahrul ogé teu bisa maksa Dinda sangkan kudu nyaah ka manéhna.

Kumaha atuh kelanjutana Dina Nu lewih milih Diki jadi salakina jeung Kaayaan Sahrul nu bingung lantaran di tinggalkeun kunu jadi pamajikan nyaeta Dina, Cag carita ieu urang lanjutkeun deui dina postingan nu bakal datang.

Advertisement
Kaduhung Bag 14 | Carita Sunda
Loading...