-->

Kaduhung Bag.13 | Carita Sunda

 Pedaran carita sunda dina Judul " KADUHUNG" urang lajengkeun deui, ayeuna nincak kana bagian ka 13, mangga..



KADUHUNG

Bagian 13

Karangan : Lina Herlina


"Kumaha, Aa? Iraha rék nikah sareng abdi?" tanya Dinda rada maksa.

Bari rada ngahuleng, Diki ngawaler omongan Dinda anu ménta tanggung jawab ka manéhna.

"Sateuacanna, Aa rék jujur heula ka Néng. Sabenerna mah Aa téh keur nganggur. Aa teu gaduh pakasaban anu puguh ayeuna téh. Tapi, lamun Néng keukeuh, hoyong Aa tanggel waler mah tiasa waé, ngan kur tiasa ngajak nikah sirih. Bari jeung kanggo biayana ogé teu gaduh Aa mah. Balik deui ka Néng wé éta mah, kersa atawa henteu?"

"Jadi, salila urang ngahiji téh, Aa nganggur?"

"Enya." Témpas Diki singget bari jeung tungkul.

"Nya geus wé lah, keun baé. Asal Aa kersa tanggel waler wé. Masalah biaya mah ulah jadi pikiran. Néng gaduh tabungan tiasa dianggo, heula." Pok deui Dinda dibarengan ku rasa keuheul ka Diki.

"Tapi, ari kahareupna, kumaha? Najan Aa ngahaja néangan heula pakasaban ogé, da moal jol langsung meunang, meureunan?"

"Enya, Néng ogé ngarti. Tabungan Néng, cekap kanggo tilu bulan mah. Jadi, Aa aya waktu keur néangan pakasaban deui."

"Enya geus atuh, ari kitu mah. Kuring mah hayu wae najan nikah sirih ogé. Tapi, ari salaki Néng, kumaha?" pokna bari malik nanya.

"Salaki Néng mah da pasti moal narima Néng deui ari kaayaanana siga kieu mah. Néng rék ménta disérénkeun wé."

"Mémangna, Néng moal kaduhung, kitu?"

"Geus atuh, ulah loba nanya waé! Ningali kaayaan siga kieu ogé, Néng téh geus kaduhung. Tapi, dalah kumaha ogé da moal bisa balikan deui. Pokona, Aa kudu satia jeung ulah nguciwakeun! Néng téh, geus ngorbankeun sagalana, demi Aa!"

Dinda ngawaler pananya Diki anu matak ambek kana diri manéhna. Dinda ngan ukur bisa ngadunga, mudah-mudahan sagala kalakuan anu geus dilakukeun ku manéhna, ulah nepi ka aya wawalesna.

"Rék iraha atuh, nikah sirihna?" Diki nanya deui.

"Isuk pagéto wé. Tah ieu duit, paké keur mayar nikah sirih engké! Ayeuna, kuring rék mulang heula," ceuk Dinda bari amitan.

Dinda ngasongkeun duit ka Diki laju amitan, sedengkeun Diki, teu bisa nolak kahayangna da mémang geus rumasa nyieun dosa jeung manéhna nepi ka kudu tanggung jawab alatan kalakuanana. Diki ngaenyakeun kahayang Dinda bari teu mikir panjang, sabab ari nikah sirih mah da teu boga catetan di Pamaréntahna ogé. Jadi, Diki masih kénéh boga kabébasan.

Gancang carita, geus dua poé Dinda jeung Sahrul teu patanya. Antukna  Dinda milih kawin sirih jeung Diki. Saméméh Sahrul indit digawé, saperti biasa Dinda gégéroh jeung nyiapkeun sagala kaperluan salakina.

Teu lila, Sahrul amitan laju indit digawé saperti biasana. Ningali Sahrul indit digawé, Dinda ngamimitian mérésan baju kana koper jeung kartu ATM, barang anu paling penting nu rék dibawa.

Sanggeus réngsé, Dinda nyieun surat keur Sahrul.

Assalammualaikum

Hapunten sateuacanna, Néng indit tanpa dibarengan idin ti Aa. Sanajan Néng ngarasakeun kanyaah Aa anu kalintang ageungna, tapi can tiasa ngarobah haté Néng sangkan males deui rasa cinta Aa. Sabab, cinta Néng ngan ukur kanggo Diki. Hatur nuhun tos sabar ngaping Néng dina ngalakonan rumah tangga sareng  masihan perhatosan ka Néng. Sakali deui, hatur nuhun pisan, Aa. Mudah-mudahan, Aa tiasa ngahapunten sagala kasalahan, Néng. Mudah-mudahan, Aa tiasa mendak deui istri anu langkung bageur jeung  Sholéhah. Aa, ulah hariwang ka Néng. Néng pasti mendak kabagjaan sareng Diki.

                                                  Wassalam

                                                 Dinda Kania

Dinda ngasupkeun suratna kana amplop, tuluy disimpen dina méja, ditindihan ku foto kawin manéhna. Sabenerna, Dinda téh hayang ménta hampura langsung ka salakina. Tapi geuningan, Sahrul masih kénéh haré-haré ka manéhna. Nu ahirna, Dinda milih nuturkeun Diki anu geus puguh rék tanggung jawab ka manéhna.

Dinda nga-WA Diki sangkan ngajemput Dinda di imahna. Bari diuk dina korsi, Dinda nungguan manéhna bari haben ngalieukan jam. Teu lila, kurunyung Diki asup ka imah Dinda anu harita téh ngahaja dibukakeun pantona.

"Assalammualaikum...!" Diki asup bari uluk salam jeung mésem ka Dinda.

"Wa'alaikum salam, meni lami diantosan ti tatadi téh?" témbal Dinda bari cengkat.

"Nu penting mah, datang wé atuh. Kumaha, Atos siap, acan?" tanya Diki bari gék diuk.

"Atos atuh, ti tatadi ogé. Ari daftar ka lebé téa, bérés, acan?" Dinda malik nanya.

"Bérés. Tapi, ku sabab kudu aya saksi, jadi kuring nitah batur keur jadi saksi jeung wali. Pokona, Dinda ulah hémeng, mun aya hiji nonoman anu ngaku-ngaku jadi kolot Dinda."

"Oh, enya atuh. Teu nanaon, nu penting mah, bérés sagalana." Dinda némbal bari rada elat ngartina.

Sanggeus ngobrol rada lila, tuluy Dinda jeung Diki arindit. Sapanjang jalan, Dinda ngahuleng bari rambisak ongkoh. Sanajan Dinda teu miboga rasa cinta ka Sahrul. Tapi, kanyaahna geus karasa pisan ku manéhna. Tapi, lamun ningali kaayaan anu siga ayeuna, Dinda ngarasa teu pantes keur Sahrul.

Gancang carita, Dinda jeung Diki geus ngalaksanakeun akad, tapi kur nikah sirih. Réngsé sagalana, Dinda mulang ka kontrakan Diki. Ti dinya, nu duaan ngobrol ngalér ngidul, ngomongkeun kahirupan manéhna keur kahareupna kumaha. 

"Néng, mendingan ogé ngalih, yu! Ulah cicing di dieu," ceuk Diki bari nangkeup Dinda anu keur ngaléndéan manéhna.

"Naha, Aa?" tanya Dinda singget.

"Cicing di dieu mah bisi disampeurkeun ku salaki Néng. Éh, urut salaki Néng, maksad téh."

"Oh, enya. Tapi, ngalihna ka mana, Aa?"

"Ka luar kota, Yu! Ka Kampung Sétra." 

"Naha ka dinya, Aa? Tebih teuing atuh," ceuk Dinda bari cengkat.

"Wios, atuh. Tibatan diganggu ku si Sahrul, mendingan ogé cicing di ditu." Pok deui Diki bari ngolo.

"Enya, atuh. Kumaha Aa wé, Néng mah,"

"Kitu atuh, ka salaki mah mémang kudu nurut. Ari duit anu dina ATM, aya sabaraha?" tanya Diki panasaran.

"Lumayan ageung kénéh. Kumaha, kitu?" Dinda malik nanya.

"Bisi diblokir ku si Sahrul, mending candak heula artosna sadayana."

"Enya ogé. Tapi, mending ti ayeuna ngalihna, Aa. Bilih A Sahrul nyusul ka dieu."

"Hayu, atuh! Cuang ka ATM, tuluy ka kampung Setra." 

Bakating kasieunan disampeurkeun Sahrul, Diki jeung Dinda gura-giru indit ti dinya laju ka Kampung Setra. Diki jeung Dinda teu loba barangbawa sabab can boga nanaon. Dinda jeung Diki ngan ukur mawa baju wungkul. Harita, Dinda ngarasa bungah pisan sabab kahayangna ngahiji jeung Diki geus kacumponan.

Dinda geus teu loba mikiran anu lain, Dinda kur hayang meunang kabagjaan hirup babarengan jeung Diki. 

Nyedek ka pasosoré, Sahrul mulang ka imahna bari haté ngarasa lalungsé. Ti beurang kénéh, Sahrul geus ngarasa teu garenah haté. Digawé ogé nepi ka hulang-huleng mikiran anu ngaganjel dina haténa. 

Barang anjog ka imahna, Sahrul ngarasa hémeng sabab di imahna taya sasaha, ditambah konci  nu ngagantung dina tulak luar panto. 

Sahrul uluk salam sababaraha kali, tapi tetep taya nu ngawaler.

"Néng ..., Néng ...,"

Sup ka dapur laju ka kamar mandi, kitu ogé di kamar manéhna, tapi Dinda weléh taya di mana-mana. Barang gék diuk dina méja tempat manéhna digawé, Sahrul ningali surat anu ditindihan ku foto kawin manéhna. Barang dibuka suratna, Sahrul molohok reuwas.

Cag...

Advertisement
Kaduhung Bag.13 | Carita Sunda
Loading...
Next
This Is The Current Newest Page