-->

Kaduhung Bag. 19 | Carita Sunda

Assalamu alaikum baraya Belajar bahasa Sunda dimana wae ayana, danget ieu admin bade posting pedaran dongeng atawa carita nyambung dina judul " Kaduhung" bagian ka-19, dongeng ieu pedaran Teh Lina Herlina nu tos dipedar dina salah sahiji grup facebook dongeng sunda. Sumangga kanggo nu resep maca dongeng sunda, urang lajengkeun deui carita nyambung dina bahasa sunda.


KADUHUNG

Bag. 19

Karangan : Lina Herlina

Gancang carita, Dinda dikersakeun lungsur-langsar ngajuruna. Manéhna boga budak awéwé, anu rupana percis pisan siga Indungna. Beungeutna anu rancunit jeung beureum. Beureum anu pijadieun beresih engkéna. Sanajan teu dibarengan ku salakina, tapi haténa bungah pisan bisa ngarasakeun jadi awéwé anu sampurna, nyaéta jadi saurang Indung.

Rasa bungah jeung rasa nalangsa nepi ka pacampur mangsa harita. Hirup Dinda jadi sampurna ku ayana budak anu paling dipikacinta.

Sanggeus bérés sagalana, Dinda dipindahkeun ka kamar anu biasa. Sabari nungguan budak anu keur diurus ku suster, Dinda kur bisa ngagolér tuluy rambisak. Dinda teu nyangka, ahirna bisa meunang kabagjaan. Ngan hanjakal can bisa ngabagi kabagjaanana jeung kulawargana.

Teu lila, kurunyung Bu Dokter asup ka kamarna. Bari mésem, tuluy Bu Dokter ngawilujengkeun kabagjaan anu keur dirasakeun ku Dinda.

"Alhamdulillah nya, salamet duanana. Mugia sing dipaparinan kaséhatan salalawasna. Si Dédéna sing janten murangkalih anu sholéhah, sapertos ibuna." Pokna bari nangkeup Dinda.

"Aamiin Ya Robbal Aalamiin. Hatur nuhun pisan bantosanana, Bu. Pami teu aya Bu Dokter, duka kumaha nasib kuring." Ceuk Dinda bari luk tungkul. 

"Teu sawios, Bu. Kuring mah atoh, tiasa nulungan batur, téh."

"Tapi, kumaha biaya ngajuruna, Bu?" tanya deui Dinda 

"Ulah mikiran biaya, Bu. Kin, ku abdi dipangmayarkeun sagalana. Nu penting ayeuna, Ibu jeung si Dédé salamet.

Ngadéngé omongan Bu Dokter, Dinda mingkin rambisak. Ku teu nyangka bisa panggih jeung jelema anu sakitu bageurna padahal, karek wanoh harita. Manéhna ngan saukur bisa ngucap syukur anu taya eureunna dina haté. Dirina teu nyangka, Gusti Allah nyaah pisan  Padahal, manéhna geus kungsi nyieun dosa anu sakitu gedéna. Tapi, Gusti Allah méré jalan anu matak bisa nyadarkeun haténa ku cara anu teu disangka-sangka.

"Oh, enya. Ari ibu téh namina saha, nya? Ti tatadi uplek ngobrol, tapi teu acan apal namina," ceuk Bu Dokter, muka obrolan deui.

"Dinda, Bu!"

"Oh. Pami nami abdi, Dokter Sinta," pokna bari ngahuleng.

"Naha Bu, jol ngahuleng, pas ngadangu nami abdi, téh?" tanya Dinda panasaran.

"Asa kantos nguping, nami éta téh. Tapi, di mana, nya?"

"Da seueur panginten, nami Dinda mah, Bu!"

"Oh, muhun, nya."

Keur uplek ngobrol, jol kurunyung saurang suster anu mawa budak Dinda. 

"Nyanggakeun murangkalihna, Bu. Susuan  heula!" ceuk Suster bari ngasongkeun budak ka Dinda.

"Hatur nuhun, Suster." Dinda nganuhunkeun bari gep nampanan budakna.

"Duh, mani rancunit kieu nya, siga Ibuna." Ceuk Bu Sinta barung nu kabita.

"Hhmm ..., punten Bu. Pami Bu Dokter, tos nikah, atanapi teu acan?" tanya Dinda bari nyusuan budakna.

"Teu acan, Bu. Nembé tunangan kuring mah."

"Pasti tunangan Ibu, bageur sapertos Ibu, nya?"

"Alhamdulillah, bageur pisan, Bu. Ngan teu acan tiasa nikah ayeuna-ayeuna kuringna ogé."

"Naha, Bu?"

"Kuringna nembé pisan lulus. Janten Dokterna ogé nembé dua sasih. Pami nikah ayeuna, bilih kuringna teu tiasa janten istri anu leres."

"Punten, manawi teu kaabotan ieu ogé. Nami tunangan Bu Dokter, saha nya?"

"Sahrul." Témbal Bu Sinta singget bari imut ngagelenyu.

Ngadéngé omongan Bu Sinta, Dinda ngagebeg reuwas jeung molohok. Teu karasa cipanonna  ngeumbeung dina juru panon laju ngucur maseuhan pipina. Pikiranna inget ka Sahrul. 

Aa Sahrul, urut salaki kuring, kitu? Gerentes haténa. 

Bari nyumputkeun kasedih, Dinda ngan ukur bisa tungkul ngadéngé ngaran Sahrul. Haténa asa tagiwur jeung ngarasa teu réla, lamun seug Sahrul kawin deui jeung nu lian. Sanajan, harita Dinda teu bisa narima cintana. Tapi, dirina yakin yén Sahrul masih kénéh boga rasa nyaah anu geus pasti bakal narima cinta anu ayeuna nyaliara dina haté Dinda.

"Alhamdulillah atuh, Bu! Mugia sing dugi ka ngajatukrami," pok Dinda bari mésem laju tungkul deui.

"Aamiin Ya Robbal Aalamiin. Mudah-mudahan nya, Bu." Témbal deui Bu Sinta bari pinuh ku rasa bungah.

Ningali paroman Bu Sinta anu sakitu bungahna, Dinda ngarasa teu daya, teu upaya sabab ieu geus takdir tinu Maha Kawasa. Lamun seug, Dinda teu ngajodo deui jeung Sahrul. Dirina kudu bisa narima takdir jeung kudu bisa mopohokeun Sahrul. 

Sanggeus ngobrol ngalér-ngidul jeung Dinda, tuluy Bu Sinta amitan rék ngadon tugas deui di tempat anu séjén.

Duh, Sahrul urut salaki kuring kitu, tunangan Bu Sinta téh? Lamun eunya téh, kuring teu boga kasempatan jang balikan deui ka Aa Sahrul atuh. Gerentes Dinda.

Bari nyusuan, Dinda ras inget kana mangsa anu ka tukang. Mangsa manéhna, nolak cintana, padahal kanyaah Sahrul geus karasa ku manéhna. Barang ngarérét deui ka budakna, haténa ngarasa ambek sabab inget ka bapa budak nyaéta Diki, anu geus ninggalkeun manéhna bari kaayaan bubureyengan jeung nalangsa sorangan.

Clak, cipanon murag deui dina panonna anu geus teu bisa ditahan. Kahirupan Dinda bener-bener nalangsa pisan, bari jeung dirasakeun ku sorangan. Sanajan, ayeuna biaya ngajuruna rék dipangmayarkeun ku Bu Sinta. Tapi, ari kahareupna kumaha? Rék digawé ogé hésé ari boga budak orok mah. Haté Dinda jol ras inget ka Diki, salaki anu ninggalkeun manéhna. Dinda jadi ngéwa jeung ambek kana kalakuan Diki. Rasa cinta anu harita ngagedur, ayeuna ganti jadi rasa ngéwa jeung ambek. 

Barang ngarérét ka budakna, haténa rada léah deui jeung kaubaran, ku ayana budak anu maturan. Dalah kumaha ogé, Dinda teu bisa ambek komo nepi ka ngéwa ka budakna. Sanajan budak darah dagingna Diki, tapi, dirina boga harepan, yén budakna pasti bisa ngangkat deui harkat jeung martabatna anu geus lamokot ku dosa. Bari jeung, budak mah da teu salah nanaon bari jeung teu ménta aya di dunya.

Harita, Dinda geus teguh panceg rék ngurus budakna sangkan jadi jelema anu bener, bageur, jeung nyaah ka dirina.

Gancangna carita, aya kana tilu poé Dinda di Rumah Sakit, ahirna bisa mulang. Najan ngarasa bungah bisa mulang ti Rumah Sakit, tapi Dinda bingung rék balik ka mana? Sedengkeun ayeuna, manéhna geus teu boga sasaha jeung teu boga ongkos lamun seug mulang ka imah kolotna tapi can tangtu ditarima alatan kalakuan manéhna anu geus ngawiwirang. Bari mérésan baju, pikiranna mingkin pabaliut. Sanajan éra, tapi Dinda boga niat, rék ménta gawé ka Bu Sinta. Kajeun teuing jadi pembantu ogé, nu penting mah bisa ngabiayaan budakna.

Cag....

Advertisement
Kaduhung Bag. 19 | Carita Sunda
Loading...