-->

Kaduhung Bag.20 | Carita Sunda

Assalamu alaikum baraya Belajar bahasa Sunda dimana wae ayana, danget ieu admin bade posting pedaran dongeng atawa carita nyambung dina judul " Kaduhung" bagian ka-20, dongeng ieu pedaran Teh Lina Herlina nu tos dipedar dina salah sahiji grup facebook dongeng sunda. Sumangga kanggo nu resep maca dongeng sunda, urang lajengkeun deui carita nyambung dina bahasa sunda.



KADUHUNG

Bag. 20
Karangan : Lina Herlina

Sanggeus bérés sagalana, Dinda ngoloyong kaluar ti kamarna. Najan haté lalungsé, tapi disumputkeun ku cara ngagaléntoran budakna dibarengan ku rasa kanyaah jeung kabagjaan. Barang anjog ka hareupeun méja bagéan administrasi, Dinda ngahuleng bari jeung haténa jol ratug tutunggulan. Barang ngarérét ka palebah Bu Sinta, Dinda ngagebeg sabab katingali keur ngajanteng bari ngobrol duaan jeung Sahrul, urut salaki manéhna. Harita, manéhna teu wasa jeung éra lamun seug panggih deui jeung Sahrul. Antukna, Dinda balik deui laju nyumput gigiren témbok. 

Tunangan Bu Sinta téh, Aa Sahrul geuningan, urut salaki kuring. Duh, kumaha nya, boro tadina mah rék ménta gawéan ka Bu Sinta. Lamun tunanganna Aa Sahrul mah kuring moal bisa ménta gawé. 
Kuring teu sanggup lamun kudu nyinghareupan manéhna. Gerentes Dinda.

Teu karasa cipanonna ngeclak, rasa kaduhung anu aya dina jero haténa beuki ngageudur. Bari leumpang keukeuteuyeupan Dinda muru ka palebah lawang panto kaluar. 

Hampura Bu Sinta, kuring teu bisa nganuhunkeun ayeuna. Tapi, kuring jangji lamun hiji waktu, kuring boga rezeki, kuring pasti bakal ngaganti biaya anu geus dikaluarkeun ku Bu Sinta poé ayeuna. Gerentes deui Dinda bari ngarérét saeutik ka palebah Bu Sinta.

Karék ogé saléngkah, Dinda aya anu nyalukan ti tukang. 
"Bu Dinda ...!"
Ngadéngé nu nyalukan, Dinda api-api teu ngadéngé sabab manéhna yakin, nu nyalukan téh, pasti Bu Sinta. Dinda mingkin ngageudig nepi ka kaluar ti gerbang Rumah  Sakit. Sanggeus kaluar ti dinya, léngkahna rada dilaunan deui.

"Astaghfirullah!" Dinda reuwas sabab ningali mobil anu eureun hareupeun manéhna.

Barang ningali jelema anu kaluar dina mobil, Dinda mingkin ngagebeg.
"Bu Dinda, naha mani haré-haré dicalukan, téh?" tanya Bu Sinta bari kaluar tina mobilna.

Tanpa ngawaler pananya Bu Sinta, manéhna  ngingkig deui ninggalkeun Bu Sinta anu ngahuleng alatan kalakuan Dinda. Ngan, karék ogé nukangan, jol aya leungeun anu nyeupeungan Dinda. 
"Hampura Bu, sanés kuring badé kabur. Kuring jangji, bakal ngaganti biaya anu geus dikaluarkeun ku Ibu. Tapi, moal bisa ayeuna! Engké, lamun kuring geus boga rezeki deui," ceuk Dinda bari teu wani ngarérét ka tukang.
"Néng,..!" ceuk Sahrul bari mésem.

Ngadéngé sora anu nyebut 'Néng' ka manéhna, lalaunan Dinda ngarérét ka tukang. Barang ngarérét, manéhna jol rambisak bari ngaleupaskeun leungeun anu diceupeungan ku Sahrul.
"Aa ...?" pokna bari molohok.

Sanggeus silih pelong, Dinda lumpat satakeur keubeuk ninggalkeun Sahrul jeung Bu Sinta di dinya. Teu lila, Sahrul ogé milu lumpat, ngudag manéhna laju gep deui nyepengan leungeunna.

Bu Sinta nu teu apal nanaon, ngan ukur ngajanteng jeung  molohok ninggali kalakuan Dinda anu kebek ku rasa éra jeung rasa kasieun. 

"Néng!" Sahrul nyalukan bari gep néwak leungeunna.
Dinda ngan ukur bisa ceurik, Dinda teu wani nempo kana beungeutna Sahrul.
"Néng, ari Néng, ka mana, waé? Aa néangan Néng ka ditu ka dieu. Aa mah teu sawios teu dipikanyaah ku Néng ogé. Tapi, Néng kudu inget ka si Mama! Si Mama nepi ka gering mikiran, Néng." Pok Sahrul tegep.

Ngadéngé omongan Sahrul, Dinda mingkin ceurik. Cipanonna ngucur nepi ka teu eureun-eureun. Dirina ogé rumasa inget waé ka indungna anu sarua hayang panggih.

"Aa, anteur Néng uih ka si Mama, atuh! Néng ménta hampura, geus nyieun dosa ka, Aa!" ceuk Dinda  ngajak bari ngabetot leungeun Sahrul.

Sahrul teu bisa kukumaha, manéhna ngaenyakeun ajakan Dinda anu hayang panggih jeung indungna. Sanajan éra, tapi Dinda bungah lamun bisa panggih jeung indung bapana deui. 

Barang anjog ka hareupeun mobil, Dinda  eureun bari tungkul semu éra. Sahrul ngalésotkeun leungeunna, tuluy ngaharéwos ka Bu Sinta. Sanggeus bébéja, Sahrul ngajak Dinda asup kana mobilna.
"Hayu, Néng!" ajak Sahrul bari mukakeun panto mobil anu tukang.

Tanpa loba nanya, Dinda asup laju gék diuk dina jok mobil anu tukang.
"Hapunten Bu Sinta, kuring ngariweuhkeun waé." Ceuk Dinda bari mésem.
"Teu sawios, Dinda! Sebat nami abdi wé, Din. Ulah nyebat waé Ibu!"
"Oh, muhun atuh, Bu! Éh, Sinta." Témpas Dinda mésem deui.

Sapanjang jalan, Dinda geus ngabayangkeun pameunteu indung bapana anu bakal meunang kabungah ti manéhna, ku ayana incu anu kahiji. Harita, Dinda kakara deui ngarasakeun kabungah dina haténa. 

Dinda geus teu sabar hayang némbongkeun incu anu dipiharep ti baheula. Sapanjang jalan, Dinda ngadon sura-seuri sorangan.

Bari luak-lieuk ka palebah kénca jeung katuhu, Dinda ngarasa hémeng, sabab jalan anu kaliwatan ku manéhna, lain jalan anu arék ka teun imahna. Beuki dieu, Dinda mingkin hémeng deui sabab Sahrul ngadon méngkolkeun mobilna ka palebah gerbang anu aya tulisan TPU.

Barang nepi, Dinda teu buru-buru turun. Manéhna masih kénéh cicing di jero mobil.
"Hayu!" ajak Sahrul bari muka panto mobil.
"Naha ka dieu, Aa?" tanya Dinda bari ngahuleng.
"Turun heula, yu!" ajak deui Sahrul bari metot leungeun Dinda.

Dibarengan ku pikiran anu bingung, Dinda teu loba carita jeung teu loba nanya deui. Dinda leumpang mapay-mapay pajaratan anu ngajajar. Beuki dieu, haténa mingkin ratug tutunggulan. Dinda jadi panasaran alesan Sahrul anu ngajak ka dinya. Teu lila, Sahrul eureun di hiji pajaratan anu taneuhna masih kénéh rada baseuh. Kuburan anu kacirina anyat kénéh. Bari molohok jeung teu percaya, cipanon ngucur deui maseuhan pipina Dinda.
Cag...
Advertisement
Kaduhung Bag.20 | Carita Sunda
Loading...
Next
This Is The Current Newest Page