Kaduhung Bag 23 | Carita Sunda

Alhamdulilah Carita Sunda Dina Judul Kaduhung Karangan Teh Lina Herlina anu di posting ulang dina ieu blog tos nincak kana bagian ka 23, pengunjung nu masih satia maca pedaran dongeng atawa carita sunda ieu sim kuring salaku admin blog BelajarBahasaSunda Nganuhunkeun pisan, Sumangga Pedarana Urang Lajengkeun deui.



Kaduhung

Bagian 23

Karangan Lina Herlina


"Kadé, Néng! Kabogoh Néng hayang balikan deui jeung urut pamajikanana," ceuk hiji lalaki anu ngadeukeutan Sinta.

"Maksadna kumaha, Kang?" tanya Sinta panasaran.

"Hapunten sateuacanna, Néng. Tapi, katingal ku Akang mah tunangan Néng téh masih kénéh aya rasa kadua leutik ka urut pamajikanana."

"Ari Akang téh, saha? Naha bisa apal kitu? Naha maké jeung apal kuring tos tunangan ongkoh?" tanya deui Sinta mingkin panasaran.

"Sanés sasaha Akang mah, Néng. Tapi, Akang kungsi guguru nyiar élmu pangarti jang kahirupan Akang. Sanés agul ku payung butut, tapi Akang tiasa apal eusi haté batur. Akang tiasa apal niat anu digerenteskeun dina haténa."

Pokna écés jéntré .

Sanajan Sinta tara percaya kana hal anu teu masuk di akal. Tapi, ari ku panasaran jeung haté anu pinuh ku rasa timburu mah antukna Sinta jadi percaya kana omongan lalaki éta.

Bakating ku panasaran, Sinta nepi ka nyeleksek jero, nanya sagala perkara anu geus karandapan ku Sahrul. Sagala anu ditanyakeun ku Sinta, nepi ka bener kabéh jawabanana. Ngadéngé omongan lalaki éta, Sinta nepi ka molohok, sabab jawabanana sarua pisan jeung nu aya dina haténa Sinta.

"Ari Akang téh, saha?"

"Nami Akang Rahmat, Akang linggih ti kampung sabeulah. Lumayan tebih ti dieu mah. Tapi, Akang mah lami cicing di Gunung Halu, ngadon nyiar élmu. Akang cicing di dinya nepi ka sapuluh taunna."

"Pami Akang gaduh pangabisa, naha atuh bet janten O.B? Padahal, tiasa muka tempat kanggo konsultasi sagala perkara anu bisa nulungan batur."

"Ah, Akang mah hoyong ngajalanan kahirupan téh, anu biasa wé. Akang mah alim sapertos batur anu ngamangfaatkeun pangabisana ku cara mantuan batur tapi ngaharepkeun buruh anu mangrupa duit."

"Akang tiasa ngabantosan kuring, teu?"

"Néng, hayang dibantosan kumaha ku Akang?"

"Kumaha carana sangkan Sahrul, tunangan kuring, ulah émut waé ka urut pamajikanana?"

"Kieu wé atuh, pami nyalsé Akang badé amengan ka imah Néng. Kin, ku Akang dipasihan carana sangkan Sahrul leuwih cinta jeung mopohokeun urut pamajikanana. Ayeuna mah Akangna can nyalsé."

"Oh, muhun atuh. Ieu, alamat kuring, Akang tiasa dongkap ka rorompok wanci tunggang gunung." Témbal Sinta bari ngasongkeun keretas anu eusina alamat manéhna.

Bakating ku panasaran, Sinta daék diajak papanggihan deui jeung Rahmat. Sanajan Sinta boga pirasat goréng ka nu ngaranna Rahmat. Tapi, pirasat éta leungit ku rasa panasaran jeung rasa timburu anu aya dina haténa.

Gancang carita, Sahrul jeung Dinda indit nganteurkeun barang pesenan langgananana. Tapi, sapanjang jalan taya pisan piobroleun. Duanana  ngabareuteum siga nu teu wanoh. Harita, aya rasa nu ngagedur dina haténa ka Sahrul anu teu wasa dikedalkeun. Dinda ngan ukur hayang terus babarengan jeung manéhna. Bakating ku panasaran, Dinda ngamimitian muka obrolan.

"Aa, hapunten nya, kuring ngariweuhkeun waé." Pok Dinda bari haténa mah jol ratug tutunggulan.

"Teu sawios, Néng. Tos kawajiban silih bantu jeung papada jalma mah," témbal Sahrul laju ngajalankeun motorna.

"Hapunten, Aa. Mangsa harita, kuring tos kungsi sulaya ka, Aa. Mugia tiasa ngahampura sagala kasalahan kuring anu harita."

Kangaranan dihianat mah kabéh jalma ogé pasti bakal rahet manahna. Tapi, Sahrul teu bisa ngabudalkeun rasa kanyerina sabab ayeuna mah geus taya deui rasa. Tapi, Sahrul teu bisa ngomong jujur ka Dinda sabab sieun manéhna malik nyeri haté jeung boga rasa salah anu mingkin gedé.

"Teu nanaon, Néng. Kabéh jalma boga pilihan séwang-séwangan. Aa, kudu bisa tumarima kana pilihan Néng, waktu harita."

Beu, ieu jalma kotka bageur-bageur teuing, sanajan geus dinyenyeri ogé, tapi bisa ngahampura sagala laku lampah kuring anu harita. Gerentes haténa Dinda.

Teu karasa cipanon ngeclak masehan pipina. Leungeunna nangkeup kana cangkéng Sahrul bari sirahna disarandékeun kana tonggongna.

Sanajan teu puguh rasa, tapi Sahrul teu bisa kukumaha alatan kalakuan Dinda ka manéhna. 

Sanajan kalakuan Dinda geus karasa ku Sahrul. Tapi, manéhna geus teu boga rasa anu leuwih. Sahrul ngan saukur hayang nulungan Dinda anu keur meujeuhna butuh saurang lalaki keur ngabantu Dina sagalana. Haténa anu harita kungsi aya geus laas ti saprak Dinda ninggalkeun manéhna. 

Ayeuna, Sahrul ngan ukur hayang ngabantuan Dinda wungkul. Saeutik ogé taya niat ngahiji deui jeung manéhna. Sahrul geus panceg rék ngajatuk rami jeung Sinta. 

 Sinta anu haténa pinuh ku rasa timburu, antukna mah nedunan kahayang Rahmat anu ngajak papanggihan deui jeung manéhna. Sabenerna mah, jangjianana téh poé minggu, ngan ku sabab panasaran, antukna Sinta jeung Rahmat papanggihanana wanci soré, babarengan jeung Sahrul anu nganter Dinda.

"Kang, sonten ayeuna wé atuh, jangjian téh!" Ajak Sinta.

"Naha, Néng? Mémangna Néng nuju nyalsé kitu?" Kang Rahmat malik nanya.

"Nyalsé. Diantos pokona mah, nya!"

"Badé di mana jangjianana?"

"Ku abdi diantosan di pos payun wé, nya. Ngobrolna mah di rorompok kuring wéh!"

"Muhun, atuh." Témbal Rahmat singket.

Bakating ku aya rasa sieun dina haté Sinta, kajeun teuing jalma pinter, tapi ari geus urusan cinta mah sagala ogé ditedunan. Sinta geus kapoékan ku rasa cinta anu nyaliara dina haténa. Bari teu mikir ku logika, Sinta ngan ukur hayang Sahrul cinta ka manéhna salalawasna.

Cag...

Advertisement
Kaduhung Bag 23 | Carita Sunda
Loading...