Kaduhung Bag 25 | Carita Sunda



Kaduhung

Bag 25

Karangan Lina Herlina

Keur jongjon ngobrol, jol aya sora notifikasi dina hapé. Kusiwel Sinta nyokot hapé dina kantong laju ditingali. Bari rada reuwas Sinta cengkat laju ngajauhan Sahrul. Tapi, bakating ku rusuh, teu karasa leungeunna Sinta ngait kana tali kantong nepi ka jimat anu aya di jero kantong murag kana méja. Gep, Sahrul saged néwak kantong anu rék murag. Sanggeus nyimpen kantong dina méja, Sahrul molohok ningali barang anu tinggurilap murag ka handapeun méja. Barung nu panasaran, jimat dicokot laju diilikan ku Sahrul. Sanajan Sahrul jelema anu luhur sakolana, tapi ku ningali bentukna, Sahrul apal yén éta téh jimat.

Harita, Sahrul ngahuleng bari ngarasa percaya teu percaya lamun enya téa mah Sinta ngagunakeun éta jimat, meni asa kacida. Bakating ku panasaran, jimat dicepengan heula ku Sahrul, sedengkeun Sinta masih kénéh anteng ngobrol dina telepon jeung Rahmat.

"Assalammualaikum," Rahmat uluk salam.

"Wa'alaikum salam, aya naon, Kang?" waler Sinta bari malik nanya.

"Hapunten sateuacanna, Néng. Tapi, saur pun guru, artos kanggo jimat téa téh dua juta," pokna Rahmat.

"Oh muhun, teu sawios. Kuring sanggup mayar sakitu, asal saé pisan jimatna," waler deui Sinta ngaenyakeun.

"Pasti saé, atuh! Dinten énjing kuring badé mangkat ka imahna pun guru," pok deui Rahmat bari uluk salam.

"Muhun," témpas Sinta bari nutup telepon.

Bérés ngobrol jeung Rahmat, Sinta malik laju nyampeurkeun Sahrul anu masih kéneh ngahuleng sorangan dina méja. Bari mésem, Sinta ngagareuwahkeun Sahrul anu keur ngalamun.

"Kunaon Aa, meni ngalamun waé?" tanya Sinta bari gék diuk.

"Hhmm ..., teu kunanaon! Tapi, kuring aya pertarosan ka Néng," pokna bari mencrong.

"Pertarosan naon deui, Aa?" tanya Sinta panasaran.

"Tapi, ulah waka ambek, nya! Aa, hoyong Néng jujur," pok deui Sahrul.

"Muhun. Mémangna, badé naros naon, Aa?" Sinta malik nanya.

"Ari ieu, naon? Bieu, murag tina kantong Néng," tanya Sahrul bari némbongkeun jimatna.

Sinta kur bisa molohok laju luk tungkul bakating ku éra. Pananya ti Sahrul teu langsung diwaler ku manéhna. Ningali Sinta anu ngahéphép waé, Sahrul nanya deui bari gep kana leungeunna laju diusapan.

"Ari ieu téh, jimat sanés? Jimat kanggo naon, Néng?" 

"Ieu mémang jimat, Aa. Jimat, sangkan Aa mikacinta Néng salamina sareng teu uihan deui jeung urut pamajikan," Waler Sinta bari dareuda.

"Astaghfirullah! Naha Néng nepi ka boga pamikiran siga kitu? Mémangna Néng ngarasa Aa robah, kitu?" bari mésem, Sahrul nanya deui.

"Ti saprak aya Dinda, Aa mingkin mindeng babarengan jeung manéhna, sedengkeun Dinda téh awéwé anu kungsi dipikacinta jeung dipikanyaah ku Aa. Awéwé nu lian ogé tangtu bakal aya rasa timburu pami ningal perkara nu siga kitu mah," Sinta ngabudalkeun eusi haténa ka Sahrul.

"Dinda mémang awéwé anu kungsi dipikanyaah jeung dipikacinta. Tapi, ti saprak ngahianat, rasa anu kungsi nyaliara jadi laas nepi ka ayeuna. Nepi ka iraha ogé Aa mah moal aya deui rasa ka manéhna. Kanyaah Néng tos ngubaran haté Aa nu kungsi raheut. Haté Aa ngan ukur keur Néng wungkul," pok deui Sahrul leuwih jéntré dina ngabudalkeun eusi haténa ka Sinta

Sinta luk tungkul bari ngeclakkeun cipanon. 

"Naha bener omongan Aa, téh? Lain pédah aya jimat ieu," pok Sinta bari ngahuleng.

"Ieu mah, mémang jimat. Tapi, geus taya mangpaatna deui, salian ti batu biasa wungkul ieu mah." Sahrul ngayakinkeun Sinta.

"Jadi, kuring katipu atuh?" ceuk Sinta ngahuleng.

"Naha atuh, maké jeung percaya ka nu perkara anu kieu? Urang téh, kudu boga kayakinan sorangan. Kur ka Gusti urang mah kudu percayana ogé, lain ka nu lian!"

"Hampura, Aa! Kuring taya maksud hayang miboga cinta Aa ku cara nu teu bener."

"Teu nanaon, Néng. Tapi, ti anggalna gé Aa mah geus ngarencanakeun perkara nu siga kieu." pokna bari nangkeup Sinta.

Peuting harita, jadi peuting anu moal poho. Sahrul geus soson-soson némbongkeun rasa cintana ka Sinta.

Gancangna carita, bakating ku panasaran, Sahrul nanya deui perkara jimat anu diampihan ku Sinta. Sahrul sieun Sinta jadi jelema musyrik lamun leuwih percaya jeung ngandeulkeun jimat, tibatan haté manéhna anu geus puguh mikanyaah Sinta.

"Néng, antosan sakedap!" ceuk Sahrul anu nyusul Sinta ka Rumah Sakit.

"Aa, naha aya di dieu? Aya naon?" tanya Sinta bari kerung.

"Punten Néng, Aa badé naroskeun perkara jimat téa. Néng, kénging jimat éta ti saha?" tanya Sahrul panasaran.

"Mémangna kunaon, kitu? Jimatna ogé badé dipasihkeun deui," témpas Sinta bari ngabalieur.

"Sanés kunanaon, Néng . Bilih nipu deui ka nu sanés. Sanajan teu dilaporkeun ka pulisi ogé, sakedikna urang téh kedah méré ancaman ka manéhna."

"Oh, kuring kénging jimat éta ti Kang Rahmat, saurang Ob di dieu," témpas Sinta.

"Hiap atuh! Tunjukkeun heula nu mana jalmina?"

"Muhun, tapi Aa ulah dugi ka ngalakukeun perkara anu matak ngarugikeun, nya!"

"Enya moal atuh, Aa mah ngan ukur hoyong méré omongan sangkan ulah nepi ka nipu deui ka batur ku cara tahayul."

Sanajan éra, tapi omongan Sahrul aya benerna. Antukna, Sinta nganteur Sahrul nyampeurkeun Kang Rahmat anu sok sasapu di sabudeureun Rumah Sakit. Ku kabeneran, harita téh Kang Rahmat keur sasapu di palebah tepas Rumah Sakit. Sanggeus Sinta nunjukkeun jelemana, Sahrul  nyampeurkeun bari lempang lalaunan. Sahrul  ngahuleng jeung kerung  sabab asa kungsi ningali beungeutna, tapi poho deui di mana. Saméméh nepi ka hareupeun Rahmat, Sahrul moto heula ti kajauhan. Bari mésem, Sahrul jol nanya Rahmat.

"Assalammualaikum," Sahrul uluk salam.

"Wa'alaikum salam," témpas Rahmat bari  ngahuleng ningali Sinta anu nyampeurkeun manéhna, tapi dibarengan ku Sahrul.

"Punten, tiasa nyarios sakedap, kuring aya piobroleun!" ceuk Sahrul tegep.

"Muhun mangga, tapi aya pikersaeun naon, nya?" Rahmat malik nanya.

"Naha leres batu jimat ieu, ti Kang Rahmat?" tanya Sahrul bari némbongkeun jimatna.

"Muhun, mémangna kunaon kitu?" témpas Rahmat bari malik nanya deui.

"Naon mangpaatna jimat téh? Kadé Kang, percaya kana jimat sapertos kieu téh kalebetna misyrik. Komo nepi ka nipu, urusanana bisa sareng pulisi, Kang!"

"Kuring mah teu aya niat nipu, batu éta  mémang aya mangpaatna, Kang."

"Mangpaat, naon? Lamun keur malédog wungkul mah, kuring gé percaya," pok Sahrul teges.

Rahmat simpé, sirahna luk tungkul sabab geus ngarasakeun eusi haténa Sahrul anu apaleun yén manéhna rék nipu.

"Omat, nya! Ulah nepi ka aya korban deui, lamun kuring nepi ka ngadéngé deui perkara anu siga kieu, urusanana jeung pulisi!" pok deui Sahrul bari ngaléos.

Sanggeus ngobrol jeung Rahmat, Sahrul ngaléos bari teu poho amitan ka Sinta. Sapanjang jalan, Sahrul ngarasa kungsi ningali beungeutna dina foto Dinda. Tibatan panasaran, Sahrul méngkol heula ka imahna Dinda rék ngayakinkeun naon anu aya dina pikianana. Sahrul boga pirasat, yén jelema téh rék ngahancurkeun kahirupan manéhna jeung Sinta. 

Cag....

Advertisement
Kaduhung Bag 25 | Carita Sunda
Loading...