Kaduhung Bag 27 | Bagian Terakhir



Kaduhung

Bag 27 ( Terakhir)

Karangan Lina Herlina

Sanggeus nepungan Bapana anu tuluy peureum, Dinda jeung Sahrul kaluar deui laju nyampeurkeun suster anu nyepeng budakna harita. Dinda boga niat rék mihapékeun budak ka Bibina anu aya di luar kota. Sanajan jauh, tapi tibatan riweuh alatan ngurus Bapana anu keur gering, leuwih hadé dipihapékeun heula ka Bibina.

Dinda ngoloyong ka tempat suster tadi. Barang nepi, jol ngahuleng sabab budakna teu katingali diais ku suster. Bari ngadeukeutan tuluy Dinda nanya, "Budak kuring di mana, Suster?"

"Apanan, dicandak ku Bapana tadi téh, urut salaki Ibu," témpas Suster.

"Naon? Dicandak ku urut salaki kuring?" Dinda ngagebeg reuwas ngadéngé omongan Suster. Haténa jol ratug tutunggulan, awakna  ngeleper leuleus. Pikiranana mingkin baluweng sabab geus moal salah deui. Pasti nu mawa budak téh si Diki.

"Kunaon, Bu? Kuring lepat kitu?" tanya suster bari ngahuleng.

Dinda nutupan bahamna bakating ku reuwas tuluy luk tungkul dibarengan ku rasa bingung.

"Hapunten pisan Bu, kuring teu terang," pokna Suster anu rumasa salah.

"Kumaha atuh, Aa?" Dinda jol rambisak.

"Anu ieu sanés?" tanya Sahrul bari némbongkeun potona Diki.

"Muhun, anu éta. Pa Rahmat pan ieu téh?" témpas Suster neguh.

"Dicandak ka mana, Suster? Manawi ningal ngaléosna," tanya Sahrul.

"Ka luar asana mah," témpas deui Suster.

"Hayu urang susul!" Sahrul ngajak bari ngabetot leungeun Dinda.

Tibabaranting, Dinda jeung Sahrul lalumpatan ninggalkeun Suster anu ngahuleng sabab teu apal nanaon. Sinta anu harita rék nyampeurkeun Dinda jeung Sahrul ogé milu ngahuleng nepi ka teu kaburu nanya. 

Nepi ka lawang rumah sakit, Dinda jeung Sahrul luak-lieuk néangan Diki. Tuluy kaluar mapay-mapay sisi parkiran mobil jeung motor.

Bari rambisak, Dinda teu weléh ngadunga sangkan bisa panggih deui jeung budakna. Sanajan budakna dibawa ku Bapana sorangan, tapi Diki lain jelema bener. Dinda sieun budakna dibawa teu bener, komo mun nepi ka dijual ka batur. Harita, pikiran Dinda geus kamana karep. 

Barang asup ka palebah parkiran motor, Dinda ngadéngé sora budak ceurik. Bari luak-lieuk Dinda nuturkeun sora budak anu keur ceurik. Barang ngarérét, Dinda ningali Diki keur nyeulah motorna bari ngusapan budak anu diaisna. Dinda lumpat sataker kebek muru budakna. Bari ambek, Dinda ngarebut budak anu keur diais ku Diki. Tapi, Diki leuwih pageuh nyepengan budak sangkan teu direbut ku Dinda.

Dinda anu ngarasa teu bisa ngéléhkeun tanaga lalaki, antukna mah ngajorowok satarikna ménta tulung.

"Tulung ...!" Dinda ngajorowok satarikna bari nenggelan awakna Diki.

Bakating ku tarik, Sahrul anu harita sarua néangan Diki, tuluy lumpat muru sora Dinda anu ménta tulung. Barang nepi, Sahrul ningali Dinda jeung Diki keur silih betot marebutkeun budak. Sahrul lumpat bari ngajorowok, "Dinda, tahan heula! Aa ka dinya."

Barang ngadéngé sora Sahrul anu ngajorowok, Diki jadi reuwas jeung sieun. Leungeun anu tadi pageuh silih betot jeung Dinda nepi ka  dilésotkeun. Antukna mah, Dinda ngajengkang ka tukang nepi ka tonggongna neunggar témbok satarikna. Bakating ku tarik, Dinda nepi ka kapiuhan, sedengkeun Diki lumpat satarikna ninggalkeun Dinda anu kapiuhan dibarengan ku budakna anu ceurik.

Ningali Dinda anu neunggar kana témbok, Sahrul mingkin gancang lumpatna. Anjog ka dinya, Sahrul nangkeup Dinda bari ngajorowok ménta tulung. Teu lila, kurunyung salah sahiji satpam anu keur patroli di sabudeureun Rumah Sakit.

"Kunaon, Kang?" tanya Satpam.

"Tulungan Pa, aya nu rék nyulik budak tadi téh, ayeuna jalmina kabur. Tapi, saméméh kabur, parebut budak heula jeung si Néng nepi ka ngajengkang neunggar kana témbok," témpas Sahrul bari ngangkat Dinda.

"Kedap atuh, nya! Cuang laporan heula ka satpam anu ngajaga pos di hareup, ambéh ditéwak jelemana," pok satpam bébéja ka babaturanana.

Sanggeus laporan, tuluy satpam mantuan Sahrul ngagotong awak Dinda ka Rumah Sakit. Sinta anu tadi panasaran ningali laku lampah Dinda jeung Sahrul  gura-giru nyusul. Tapi, aya ku kabeneran  paamprok di lawang panto Rumah Sakit.

"Kunaon Dinda, Aa?" Sinta nanya bari mencrong ka Dinda anu kapiuhan. Bari mantuan ngais budakna, Sinta ngageuroan suster nu aya di bagéan administrasi anu hareup sangkan mantuan. Golosor kasur diasongkeun ka hareupeun Sahrul, tuluy Dinda digolérkeun dina kasur laju dibawa ka jero rék dipariksa.

Sabot Dinda dipariksa ku dokter, Sahrul nungguan di luar dibarengan ku haté anu hariwang. Teu lila, jol aya satpam anu nyepeng pageuh jeung ngagusur awakna Diki tuluy diasongkeun ka Sahrul 

"Punten, Kang! Ieu sanés, jalmi anu rék nyulik budak Akang téh?" tanya satpam bari némbongkeun Diki.

"Muhun Pa, nu ieu. Sok wé candak ka pulisi, kuring siap janten saksi. Tapi engké, pami wargi abdi réngsé dipariksa ku dokterna," témpas Sahrul bari ambek.

"Muhun, siap." Pok satpam bari ngaléos.

Diki anu harita ditéwak ku satpam geus teu bisa kukumaha, sabab aya saksi anu ningali kalakuanana. Awak nu karasa ngeleper jeung lieur, Sahrul mingkin hariwang ningali kaayaan saperti kieu. Sanajan Sahrul geus teu hayang ngahiji deui jeung Dinda, tapi kanyaah manéhna ka Dinda masih kénéh aya. Sahrul sieun mun nepi ka ditinggalkeun ku Dinda. 

Aya sajamna Dinda dipariksa, teu lila, jol kurunyung dokter kaluar ti kamarna. Ningali paroman dokter, Sahrul geus ngarasa bakal aya iber anu teu hadé.

"Sing sabar nya, Pa! Tos takdirna panginten istri Bapa kedah ngantunkeun. Alatan neunggar kana témbok satarikna, bari jeung getih anu teu kaluar, jadina ngagunduk, tuluy ngalir kana otak. Éta anu matak nyawana teu bisa ditulungan," pok dokter écés jéntré.

Ngadéngé omongan dokter saperti kitu, Sahrul teu bisa kukumaha. Sahrul kur bisa simpé, tungkul, jeung ngeclakkeun cipanon. Sanajan kungsi dipikanyeri ku Dinda, tapi Sahrul taya rasa ngéwa, komo nepi ka teu ngahampura. Dalah kumaha ogé rasa kanyaah mah moal laas ku nanaon ogé. Sahrul kur bisa ngadunga jeung pasrah kana takdir anu Maha Kawasa. Sahrul jangji, pasti bakal ngurus budakna. Manéhna bakal nganggap budakna Dinda saperti budak manéhna kéneh. Ningali Sahrul anu tungkul jeung ngeclakkeun cipanon, Sinta teu loba nanya. Sinta kur bisa maturan jeung méré sumanget ka Sahrul dina nyingharepan sagala perkara anu tumiba ka manéhna.

"Sing sabar Aa, nya! Ieu budak, cuang urus ku duaan. Néng pasti bakalan méré kanyaah ka budakna Dinda," pok Sinta bari nangkeup Sahrul.

"Muhun, Néng. Hatur nuhun tos kersa maturan Aa dina sagala perkara anu geus karandapan ku Aa. Tapi, ari kaayaan Bapana Dinda kumaha?"

"Saleresna mah, waktu Aa sareng Dinda lumpat téh, Bapana Dinda jol kritis, matak kuring elat nyusul Aa sareng Dinda da mariksa heula Bapana Dinda sareng Dokter Wawan," témpas Sinta.

"Innalillahi, jadi budak téh geus teu boga sasaha deui?"

"Keun baé, Aa. Apanan ayeuna mah aya urang duaan. Ulah nyebut teu boga sasaha," pok Sinta deui.

Poé harita, Sahrul nepi ka dua kali katinggang ku rasa tunggara. Tapi, Alhamdulillah aya Sinta anu maturan jeung ngarti kana sagala kaayaan dirina. Sagala anu karandapan ku hiji jelema pasti bakal aya wawalesna. Sanajan dimimitian ku rasa tunggara, tapi antukna mah bakal meunang kabagjaan. Sahrul bisa ngahiji jeung Sinta nepi ka boga budakna. Tapi, rasa kanyaah Sahrul jeung Sinta ka budakna Dinda, tara diwilah-wilah sanajan boga anak sorangan. Diki, anu harita dibikeun ka pulisi, dipenjara 20 taun. 

Tamat.

Alhamdulillah, carita ieu cekap dugi ka dieu. Hapunten bilih seueur kalepatan dina sagala ucap lampah sim kuring. 

Hatur nuhun tos kersa manco dugi ka réngséna

Advertisement
Kaduhung Bag 27 | Bagian Terakhir
Loading...