Kaduhung Bagian 22 | Carita Sunda



KADUHUNG

Bag. 22

Karangan : Lina Herlina

Barang sup ka imah, Dinda luak-lieuk sabudeureun imah Bapana, sedengkeun Sahrul muru ka kamar anu aya hareupeun Dinda.

"Calik heula, Din!" ajak Sinta.

"Muhun, Sin." Témbal Dinda bari mésem.

Karék ogé rék diuk, jol kurunyung Sahrul ti kamar bari ngadorong korsi roda anu didiukan ku hiji jisim anu dipikanyaah jeung dipikasono ku Dinda, nyaéta Bapana. Barang ngarérét, Dinda lumpat muru Bapana laju ngagabrug, nangkeup pageuh awakna. Dinda ngabudalkeun rasa kasono anu nyaliara ti baheula. Bari nangkeup pageuh, Dinda nyium dibarengan ku ménta hampura. 

"Pa, hampura Dinda, nya! Alatan laku lampah kuring, Mama sareng Bapa janten nalangsa," ceuk Dinda bari nyuuh jeung rambisak.

"Jalma mah geus aya jalanna séwang-séwangan. Geus aya anu ngaturna, tapi urang téh sakuduna mah apal, mana kahirupan anu bener jeung mana anu teu bener! Tapi, ari geus karandapan mah urang tinggal nyokot hikmah anu hadéna keur kahirupan urang kahareupna." Pokna bari ngusapan buuk Dinda.

Ngadéngé omongan Bapana, Dinda mingkin rambisak. Kangaranan kolot mah pasti bakal ngahampura jeung nyaah ka budakna sanajan geus nyieun kasalahan anu gedé ogé. Harita, Dinda jangji dina haté, rék ngarubah sagala kasalahan anu kungsi dilakonan. Dinda rék ngamimitian mulang tarima ka kolot ku cara ngurus dirina. Dinda moal mikiran nu lain-lain salian ti ngurus kolot jeung budakna.

Rét, ka Sahrul, Dinda nganuhunkeun sagala anu geus dilakukeun ku Sahrul keur kulawargana. Sanajan haté mah hayang balik deui ka Sahrul, tapi Dinda ngarasa teu pantes, jeung ayeuna mah aya nu leuwih pantes nyanding jeung Sahrul, nyaéta Bu Sinta.

"Hatur nuhun, Aa. Aa tos kersa jeung Ikhlas ngurus sagalana sangkan Bapa kuring séhat deui," pok Dinda bari tungkul éra.

"Ulah kitu, Néng! Dalah kumaha ogé, Bapa Néng téh, Bapa Aa kénéh. Sanajan urang geus lain-lainna deui, tapi dugi ka iraha ogé, Aa bakal nganggap Bapa Néng siga Bapa sorangan. Néng, badé calik di dieu sareng Bapa?" ceuk Sahrul bari malik nanya.

"Muhun, Aa."

"Enya sok, atuh. Aa badé wangsul heula, nya! Pami aya nanaon mah telepon wé!"

"Muhun, Aa. Sakali deui, hatur nuhun pisan."

Sahrul ngusap buukna Dinda bari tuluy ngolémbar kaluar jeung Sinta.

Sanajan haté panas ngahéab ningali Sahrul jeung Sinta, tapi Dinda teu bisa kukumaha, Dirina teu walakaya jeung kudu bisa tumarima kana kahirupan anu keur karandapan ku manéhna. 

Sanggeus Sahrul mulang, tuluy Dinda nyampeurkeun Bapana laju némbongkeun incu anu ngan hiji-hijina.

"Pa, ieu incu, Bapa." Pok Dinda bari némbongkeun budakna.

"Alhamdulillah, Bapa tos incuan ayeuna mah, hatur nuhun pisan Gusti." Pok Bapana bari ngagaléntoran incuna.

Ningali paroman Bapana anu bungah pisan, Dinda ngarasa jadi bungah, sabab bisa ningali Bapana meunang kabagjaan ti manéhna.

"Saha namina, Néng?"

"Acan dipasihan nami, Bapa. Néng bingung kénéh kedah masihan nami, naon. Pasihan nami ku Bapa atuh!"

"Kumaha, upami namina, Ninda?"

"Alhamdulillah, meni saé jeung pas nami téh, Pa. In Syaa Allah, éta wé namin," ceuk Dinda mingkin bungah jeung bagja.

Harita, sanajan Dinda meunang katunggaraan alatan ditinggalkeun Indungna anu tilar dunya. Tapi, Dinda ogé meunang kabagjaan ku panggih deui jeung Bapa anu dipikanyaahna. Harita, antukna Dinda boga deui kabagjaan.

Ti saprak cicing jeung Bapana, Dinda munggaran ngarasakeun deui kabagjaan. Sanajan riweuh ngurus budakna, tapi Dinda sok nyésakeun waktu keur ngurus anu jadi bapana. Sanajan haténa jadi boga rasa ka Sahrul, tapi Dinda teu miharep jeung moal mikiran ka dinya. Kiwari mah Dinda hayang soson-soson mulang tarima ka nu jadi Bapana. Kolot anu ngan hiji-hijina deui.

Sagala kajadian anu geus karandapan ku manéhna, tangtu aya hikmah jeung pangajaranana. Ayeuna mah pamikiran Dinda geus mulai teguh panceg dina ngalakonan kahirupanana.

Sanajan kuliahna teu nepi ka tamat, tapi Dinda boga élmu anu bisa ngahasilkeun duit sanajan cicing di imah. Sanajan geus teu ngahiji deui jeung Sahrul, tapi silaturahimna teu weléh pegat. Sahrul masih kénéh sok nganjang ka imahna bari sakalian nepungan Bapana. 

Tapi, nu ngaranna jalma, tangtuna boga rasa timburu. Bu Sinta sok rada timburu lamun Sahrul ngahaja ka teun Dinda. Dirina kasieunan tunanganana ngahiji deui jeung urut pamajikanana. Alatan rasa timburu, antukna Bu Sinta ngamimitian ngajauhan Sahrul. Haténa ngarasa Sahrul leuwih nyaah ka Dinda tibatan ka manehna.

Hiji waktu, Dinda kudu nganterkeun pakét anu geus dipesen. Tapi, ku sabab teu boga motor, antukna Dinda ménta Sahrul nganterkeun manéhna ka tempat anu dituju. Sanajan aya rasa ka éra, tapi nyobaan nelepon heula ménta anter ka Sahrul. 

"Assalammualaikum," Dinda ngamimitian muka obrolan dina telepon jeung Sahrul.

"Wa'alaikum salam, aya naon, Néng?" Sahrul némbal bari malik nanya.

"Hapunten, Aa. Pami teu ngawagel waktosna, simkuring badé nyungkeun pitulung ka Aa. Pami tiasa éta ogé, pami teu tiasa mah teu sawios."

"Badé nyungkeun pitulung naon, kitu?"

"Hoyong dijajapkeun ka daérah Cihérang, kanggo masihkeun barang pesenan."

"Oh, iraha kitu?"

"Sonten, Aa."

"Hayu! Tapi moal tiasa lami, nya."

"Muhun, teu sawios. Ku kersana ogé tos bungah abdi mah. Hatur nuhun pisan sateuacanna, Aa."

"Muhun, sami-sami."

Barang nutup telepon, tuluy Sinta nanya barung nu panasaran jeung rada timburu.

"Saha, Aa?"

"Dinda ménta jajap ka Cihérang, kanggo masihkeun barang pesenan."

"Oh...!" 

Sinta némbal deui singget bari haté mah ngahéab bakating ku timburu. Bari ulak-ilik kana salah sahiji ramona anu diasupan ali tunangan, Sinta teu bisa kukumaha, sabab ti baheula ogé tara timburuan. Tapi, ti saprak aya Dinda, Sinta jadi mindeng timburu.

Sahrul indit ninggalkeun Sinta sorangan, sedengkeun Sinta masih kénéh tungkul jeung rada rambisak. Teu lila, jol ngurunyung hiji lalaki anu nyampeurkeun Sinta anu keur diuk. Lalaki anu biasa sasapu disabudeureun Rumah Sakit. Lalaki anu anyar kénéh digawé jadi O.B di dinya.

Bari luak-lieuk jeung ninggalikeun Sahrul anu katingali leumpangna geus jauh, tuluy gék diuk gigireun Sinta.

Cag...

Advertisement
Kaduhung Bagian 22 | Carita Sunda
Loading...